Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, LVI.pdf/99

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

86

Enggalna tjarita, kabeh balad geus pada paloendoerkeun, radja-radja noe toedjoeh geus lĕbĕt ka medan pĕrang.

Hĕnteu lila dipadjoe koe raden patih. Dĕr pĕrang tandingan patih Kalangan koe toedjoeh radja.

Katingali koe ratoe anom tĕroes mĕntangkean panahna.

Barang sĕmproeng teu kanjahoan koe para radja anoe toedjoeh geus tingkaringkoek keuna koe panah rante.

Sanggeus kitoe, para radja tararobat, pokna: „nĕda hiroep bae, sĕdja soedjoed koemaoela.”

Ti dinja toeloej diboekaän rantena, sarta eta para radja ditjandak moelih koe ratoe anom ka pasanggrahan, diiringkeun koe patih Kalangan.

Barang soemping ka pasanggrahan kaoeninga koe ratoe sĕpoeh, kalangkoeng boengah manehna rehna para radja noe sakitoe pĕrĕkosana geus pada taloek sadajana.

Ari wĕngina dĕr pesta, saroekan-soekan mestakeun meunang pĕrangna djeung ngadjamoe bojongan toedjoeh nagara.

Dĕmi isoekna para radja geus kaidinan, pada maroelih masing-masing sanagara, ngan saban taoen koedoe lapor oepĕti ka nagara Linglang boeana.

Sanggeus bĕrĕs pĕpĕrangan sarĕng pesta, dĕmi ratoe sĕpoeh moelih ka karaton heubeul tĕtĕp ngabagawan.

Ari mantoe, ratoe anom, raoeh garwa tĕtĕpna di nagri Kalinglang kota anjar, ari karaton heubeul mah ngan dipake ngendjeng bae minangkana dajeuh kolot.