raroesak leuweung2na, pribasa nini aki, aja sĕboetan galib, lapoer araloesna goenoeng, moesna alas geugeuda, sĕbab ditjatjar didamping, basak basik pikeun noe leutik ngahoema.
39. Satahoen kadoewa pindah, eta oge beunang djadi, noe leutik sakahajangna, sĕbab koerang pangawatir, pikeun maratoeh tjitjing, noenggoe pagawejan pĕrloe, karana kabeh djalma, make kamoerahan nagri, tapi tonggoj noe leutik tinggal miskinna.
40. Imah2 sadajana, masih tĕtĕp sabihari, aja omong paribasa, disĕboetkeun sĕri moerti, tanapi soerasandi, moen boeboeara ka madoer, ngoembara kasamarna, matoeh tjitjing di Tjisiih, njijeun imah di loehoer sĕmpoer gĕnahna.
41. Sawah-sawah tinggal bĕra, tina kakoerangan tjai, pahoemaän teu digarap, noe leutik sakarĕp diri, barang di tahoen achir, sareboe dalapan ratoes, toedjoeh poeloeh salapan, bot dongkap toewan koemisi, ti Batawi toewan sĕpektor tanĕman.
42. Mariosan hamba-hamba, noe koerang hakan mariskin, di eta afdeeling Lĕbak, djeung ingět basa kaboeri, di boelan Maart indit, tahoen sareboe dalapan ratoes, dalapan poeloeh salapan, nendjo lelang sĕdja meuli, barang kontroleor goenoeng Kantjana.
43. Ka Tjibioek nja djalama, tĕroesna ka Sindangnjair, ka Waloekoe nja di ladjoena, bot ka djalan gĕde nĕpi, harita geus mimiti, lĕmboer djeung djalan diatoer, leungit pamake koena, koemaha biasa tadi, djalan-djalan tĕroesan leutik digombrang.
44. Jen bandara rek ngalintang, di djalan kaso djeung eurih, karek pada digombrangan, harita djalan geus radjin, rĕsik beunang ngarikil, gili sapandjangna aloes, barang kakawadanan, di tendjo geus lain deui, reudjeung basa ngiring kandjĕng Rĕsdent Metman.
45. Geus diatoer imah-imah, malah djiga kota nagri, sakabehna soengsoehoenan, limas koeměrěb djeung bilik, geus dilaboer paroetih, pěrbot imah medja bangkoe, korsi