Lagoe: Tonggeret Pakoean.
Mas kalajar raden aso katoelain,
beuki loehoer pangapoengna,
beuki lĕpas pangapakna,
paheula-heula djeung heulang,
paboro-boro djeung rangkong,
ngalirik ta[1] ka beh handap,
ngoengkoelan kana goenoengna,
goenoengna pating parĕntjoel,[2]
sawahna sariga kalang,
sagara siga tjileungtjang,
katendjo ti awang-awang;
leumpang sakoelit ing angin,
kapindingan koe indoeng peuting,[3]
kalampatan mega bodas,
kareuenkan mega liideung,
kataradjang koe angin lada,[4]
anginna sada karinding,
goegoerna sada galindoer,[5]
gelapna sada korendang.[6]
Tarikna anoe leumpang:
liang iroeng kikidoengan,
liang tjeuli sondarian,
pajoeng mĕnit kagilir[7] koe angin,
rea lĕmboer anoe dioengkoer,
rea nagara anoe kaliwat;
sakeudeung raden geus soemping.
- ↑ ta = eta.
- ↑ parĕntjoel mrv, van pĕntjoel = pĕnjoet, pĕntiloet, K.
- ↑ indoeng penting, avondwolken.
- ↑ angin lada = angin barat.
- ↑ galindoer, klanknabootsing = brommen.
- ↑ korendang = tjĕger, knetterend als een zweepslag.
- ↑ Coolsma btv. kagilir, in draaiing gebracht. Het zonnescherm draaide rond, in draaiing gebracht door de wind.