Mimitina
Katjarios Raden Bagawat[1] Imĕng Sondjaja ngimpi papanggih djeung poetri di tatar wetan. Ngahoelĕng ngaraga-moenĕng[2], mikiran boedi djeung pamilih, mikiran sadjĕroning angĕn-angĕn.
Ti dinja Raden Bagawat Imĕng Sondjaja ladjĕng bae pamitan ka ramana rek ngoembara ka tatar wĕtan, neangan poetri geulis noe padjeueung[3] dina pangimpian.
Katjarios geus kawidian koe ramana, sarta dibahanan hidji panakawan-kadeuheus[4] kai lengser, tapi koe ramana ngan didjangdjian saboelan poelang ka leumpang.[5]
Ladjĕng Raden Bagawat Imĕng Sondjaja amit moendoer ti paseban diiring koe kai lengser.
Dongkap ka aloen-aloen, permisi deui ka kapĕtĕngan, djĕnĕngan Raden Bangboenglaoet Tjoelamega:
noe wĕdoek goegoeloentoengan,
noe bĕdas kabina-bina,
gĕde loehoer reudjeung pĕngkoeh,
hoeloe boetak pagesrek djeung mega.
Njaoer ka Raden Bagawat Imĕng Sondjaja, saoerna: "koeloep[6], lamoen meunang petri geulis noe sadjabana tina pangimpian, rama menta?"
Ari geus kitoe, Raden Bagawat Imĕng Sondjaja sarĕng kai lengser amitan ka kapĕtĕngan, ladjĕng djĕngkar djalan loehoer.
- ↑ bagawat = bagawan., heer.
- ↑ Verklaard met ngadjoeblĕg. In den droom al. was 't beeld van de schoone reeds gezien; er bleef slechts droeve herinnering in werkelijkheid. K.
- ↑ Coolsma, btw. padjeueung, toevallig elkaar zien.
- ↑ panakawan, dienaar, Coolsma, btv, kadeuheus, dichtbij zijn heer zijn, van een dienar; panakawan-kadeudeus, lijftrawant
- ↑ poelang ka leumpang, uit en thuis. Het lokaal Maleisch van Batavia gebruikt poelang pĕgi; kartjis poetang pĕgi, retourbiljet.
- ↑ koeloep = oedjang.