Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde XLIX.pdf/132

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
109

doe beulah doewa masing opat paseuk sewang, karana goesti teh eukeur njiram, timbalan radja meureun harijaneun teu dipanghoekoemankeun karana di djĕro nagara oerang pisan."

Ari tjeuk lengser Padjadjaran: "soemangga, ajeuna kangdjĕng patih Gadjah Siloeman hondje dibeulah doewa, tapi koedoe dibahanan soerat ka ratoe di Padjadjaran." Ari saeusining soerat: "geus gĕde orang kawinkeun."

Pendekna lengser doewanana maroelang, hidji ka Padjadjaran hidji ka Moewara beres.

Enggalna pada datang ka Padjadjaran, njanggakeun sĕrat ka radja Praboe Siliwangi. Diaos ĕnggeus ka manah, "na, lengser, maneh njaho ti mana, tĕroes teuing djeung manah radja, radja ge nja kitoe deui, geus ageung oerang rendengankeun."

Tjek lengser: " soemoehoen dawoeh sadaja-daja, gamparan langkoeng njaho, abdi leluwih oeninga, lain gamparan baë anoe ahli noedjoem teh, abdi oge radjeun baë sanggeus ngiring teh, hanteu goegoeroe heula abdi teh djoldjol meudjit baë, taksiran rada karĕsĕpan palita".

Geus kitoe, ladjĕng ditoewang hondje teh koe Padma Wati sarĕng Gambir wangi, seëp sapaseuk sewang, sesana diboeang ka laoet kidoel, ka leuweung tanah Tji-damar. Anoe matak reja hondje di leuweung Tji-damar, nja-eta pasesaän anoe njiram.

Geus kitoe, Nji Gambir wangi ganti kahajang palaj toewang terong peuheur, kahajang sabeulah sewang. Geus kitoe dipangnejangankeun koe radja Praboe Siliwangi, terong ngan hidji-hidjina, dibeulah koe Gĕlap Njawang koe doehoeng Kidang panandjoeng, ditoewang sabeulah sewang koe Gambir wangi sarĕng koe Padma Wati sĕrta bari ngadĕgkeun saembara, djaksa, papatih, pamoek sarĕng para-wong agoeng, ponggawa sarĕng gĕgĕden. "Timbalan rama koedoe pada aroeninga ijeu anoe njiram sapanjiraman sapeuting sapatitisan oerang kawinkeun memeh ngadjadi oerang, tikahkeun memeh mĕdal, tĕpoengkeun memeh ngadjoeroe, salaki bawa ngadjadi, tjaroge bawa bonohade, doerijat bawa ti koedrat". Geus kitoe moelang Nji Gambir wangi ka Moewara beres.