Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde XLIX.pdf/133

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
110

Enggalna Nji Padma Wati babar di Goenoeng Goemoeroeh poetrana pamĕgĕt dina boelan Moeloed, tahoen Alip, tanggal pingpat, powe Djoemaäh; dinamaän Moending Laja di Koesoema, sĕrta ngowokeunana sapowe reudjeung sareng Gambir wangi poetrana istri, djĕnĕnganana Nji Dewi Asri.

Katjarios aja hidji ratoe di nagara Koeta barang Praboe Goeroe Gantangan palaj kagoengan poetra. Gantjangna diindjeum Moending Laja koe garwana Goeroe Gantangan ngaran Dewi Ratna Intan; dikoekoet Moending Laja koe Dewi Ratna Intan. Lila-lila Praboe Goeroe Gantangan roemaos sijeun kalindih, sabab kasep anom hĕnteu aja tanding djeung deui digdjaja:

mantjoer tjahjana ka manggoeng,
katembong ka awang-awang,
sagĕde galoegoer kawoeng,
sĕrta ejar kaëdanan,
lidig koe anoe njirian,
leuleus koe anoe ngadeugdeug,
sawan koe noe ngantanankeun.

Lila-lila Praboe Goeroe Gantangan teu pĕrtjaja, gantjangna Moending Laja dipandjara beusi. Ditoenda.

Tjarios lami-lami aja wirasatna ka soenan oewana, ka djaksa Seda Koewasa, ka Arija Patih Sagara ka Gĕlap Njawang, Kidang Panandjoeng, disoesoel ka Koeta barang. Barang kasondong dina pandjara sarta Praboe Goeroe Gantangan amarah katjida. Tjeuk Gĕlap Njawang sarĕng Kidang Panandjoeng: "koe naon sababna Moending Laja datang ka dipandjara?"

Tjeuk Praboe Goeroe Gantangan: "sadaja-daja oewa langkoeng oeninga, koering njoehoenkeun hoekoeman, da oewa teh ĕnggeus kolot, lĕgok tapak gĕnteng kadek, geus reja nja pamĕndak, geus oeninga kana pisalamĕteun Dewi Ratna Intan teh, pawarang abdi, didjaga salengkang nijatna". Tjeuk Kidang Panandjoeng sarĕng Gĕlap Njawang: "moen kitoe