Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde XLIX.pdf/134

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
111

mah, teu pĕrtjaja ka boedak, handjakal tĕmĕn diangkat pĕrboe anom, kapan tilih teh ajana di mantri, ari timbangan ajana di menak, anoe loenggoeh aja di ratoe, anoe ramping geus aja di goesti. Tjeuk Gĕlap Njawang: "perkara mah djamak". Ari Goeroe Gantangan njaoerna bari nangtoeng baë, ditewak koe Gĕlap Njawang ditjalikeun kana korsi. "Adoe manis, pĕrkara njaoer djeung sĕpoeh sanadjan djeung sasama koedoe aja tatakrama." Ngadegdeg Praboe Goeroe Gantangan sijeuneun Kidang Panandjoeng, Gĕlap Njawang.

Pendekna baralik Kidang Panandjoeng, Gĕlap Njawang ka Padjadjaran, tatapi teu ditjaritakeun jen Moending Laja dipandjara ka iboena ka ramana, sabab sina prihatin Moending Laja dipandjara (blz. 37).

Geus kitoe, lila-lila katingali koe iboena, koe Dewa Poehatji Wiroe Mananggaj, Padma Wati dibere impian, ngimpi dipaparin langlajangan kantjana goegoebar rarambong kantjana salawe landjaran, sorana di djabaning langit, ajana nagara Sorong kantjana, goerijang toedjoeh noe bogana. Geus kitoe Padma Wati pek oendjoekan ka tjarogena, ka Praboe Siliwangi, radja di Padjadjaran ngadĕgkeun saimbara dikoempoelkeun djaksa, papatih sarĕng pamoek ponggawa para-gĕgĕden, sarĕng poetra sadaja, dipĕrih pati koe iboena koe ramana; dipiwarang njoesoel impian teu aja noe sanggoep pisan. Geus kitoe Njai Padma Wati dek dikĕtok, dipotong beuheungna koe tjarogena Praboe Siliwangi, wireh ing dipoendoet boektina impian teja, langlajangan kantjana; Nji Padma Wati koeroe ati ngadjangdjawing, raga iga tanding gambang, wireh ing kasoesahan. (blz. 37)

Geus kitoe Nji Padma Wati ingeĕt boga poetra lalaki, nja eta Moending Laja di Koesoema teja, disoesoelan koe oewana teja ngaran Kidang Panandjoeng djeung Gĕlap Njawang ka nagara Koeta barang, ka Goeroe Gantangan. Moending Laja teh dipandjara beusi sarta diboewang ka dasar leuwi, ka leuwi Sipatahoenan. Tĕroes diamoek koe oewana sĕrta ditawoe leuwi SIpatahoenan teja, dikira djĕro lima