Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde XLIX.pdf/135

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
112

poeloeh gas, batoe tarengtong djeung keusik. Geus kitoe pandjara beusi teh ditjandak ka darat, geus beunang toeloej digisik ngĕmplang djadi dasar pamojanan di sisi leuwi Sipatahoenan. Enggalna ditjandak Moending Laja koe oewana moelang ka Padjadjaran, disanggakeun ka ramana, ka Praboe Siliwangi. Enggal sanggoep katjida njoesoel impian teja, soepaja nitipkeun iboena Nji Padma Wati, titip dirina, sangsang badanna; enggalna dangdan Moending Laja (blz. 43)

Gĕdjlig satjalana pandji
kĕdjat satjalana soewat
ngaloempoejoeng soetra woeloeng
ngalampoejang soetra kĕmbang
djoegoeng-djigang tjara wajang.
Njandak deui toewang kagoengan:
sindjangna poerbanagara,
toelis rĕjes niroe-niroe,
sina krĕndoe di djoeroena,
sina tarik di sisina,
sina mĕlĕndoeng tĕngahna,
koe perak koe intĕn djambroet,
dirapĕt koe intĕn doekĕt,
ambeh tjakĕp beunang dangdan,
ngĕmbat beulitan kantjana,
lĕngkeh toer bĕntenna ĕmas,
nete ka angkeng noe gĕnteng.
Njandak deui toewang kagoengan:
koetang reudjeung badjoe sangsang,
takwa badjoe beulah dada,
kantjingna parasoentika,
paragi ngajoega pĕrang,
berendel kantjing leherna
sagĕgĕde ĕnlog sowang.
Njandak deui toewang kagoengan:
kĕris paroeng gandja woeloeng,
doehoengna Si-toendoeng moesoeh,
ĕloek doehoeng sanga likoer,