Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde XLIX.pdf/138

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
115

Ramboetna diteulem heula,
ramboet poetih gĕr ditjĕlĕp,
katingal djiga soerili,
noe eukeur nganginkeun hoentoe,
hoentoe hidji dimangsian,
ditendjo ti kaänggangan,
siga monjet ngegel peundoeij.

Waktoena angkat Moending Laja lagoe Soeralaja:

Barang dongkap ka leuwi Sipatahoenan bangawan Tji-haliwoeng, Moending Laja mĕrih pati ka oewana, ka Kidang Panandjoeng djeung Gĕlap Njawang menta dipangmeunangkeun parahoe, hajang leumpang toeroet tjai. Kidang Panandjoeng njipta endongna baë, didjijeun parahoe Gĕlang kantjana bajoeta, satjawalat ĕmas.

Tihang lajar pontrang ĕmas,
ditoengtoengan soetra kĕmbang,
rantĕng tali areng-areng,
mĕlĕndoeng tihang pangbajoe,
pangbajoeeun sada kromong,
dajoeng ti Goenoeng Goemoeroeh,
noe djadi toekang galahna,
nja eta ti Padjadjaran,
noe djadi djoeroe-moedina,
nja eta ti Tji-pamingkis,
anoe djadi toekang boseh,
njeta ti Pagaden-sĕmprong,
Moending Laja geus balajar,
balajar lagoena dĕgoeng.

Teu katjatoer di djalanna, djaoeh mo boeroeng tjoendoek, anggang mo boeroeng datang.

Geus datang ka leuwi Moewara beres, Moending Laja boewang djangkar, ditanja koe oewana Patih Kidang Panandjoeng: »na boewang djangkar palĕbah dijeu?" Tjeuk Moending Laja: »eh soenan oewa, koering aja gĕnah panasaran, mati-mati boewang diri, bedjana aja poetri leuwih geulis di nagara Moewara beres anu ngaran Dewi Asri,