Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde XLIX.pdf/139

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
116

diperih pati pandatangkeun ka dijeu ka djamban larangan. Atoeh oewana boeboehan sepoeh teu ngawoelakeun, dibere wisaja djampe mĕntjok, djampe intjok". Broek dibaoerkeun, teu lila datang wisaja daoen tjaringin tibalik mani aloem dangdaoenan, leumpeuh kĕkĕmbangan, angin loeloemboengan baë ngambah ka djalma loba, lain angin samanea, wisaja Kidang Panandjoeng, aboes ka djĕro koelamboe. Teu lila Dewi Asri indit ka djamban larangan sarĕng eudjeung ĕmban-ĕmban.

Teu lila patĕpoeng djeung Moending Laja, tjeuk Dewi Asri:

»Kopo tjondong djeung djengdjoho,
taleot djeung talawoengan,
Raden Moending Laja sono,
Dewi Asri mah geus komo,
galejoh kana lahoenan,
tikoekoer di goenoeng Poetri,
nja walik matjokan anjam,
soekoer moen toeloes ngadjadi,
malik meureun koemaonam."

Gantjangna Moending Laja ditjandak moelih ka boemina Dewi Asri, Moending Laja toeloej mantjoeh koe ali, tjingtjin, geulang ĕmas harga satimbang nagara.

Tjeuk Moending Laja: »bisi datang anoe ti kaler, anoe ti kidoel ĕntong ditampa, nja akang tjaroge njai, tatapi ajeuna akang rek indit ka djabaning langit, nĕpoengan goerijang toedjoeh. Geus kitoe Moending Laja toeloej angkat.

Teu katjatoer di djalanna, tjoendoek ka batoe patjakoep, ka Sangijang tjadas patenggang oewana. Toeloej ditoenda, ditoeroeban koe parahoe. Moending Laja toeloej indit, inditna sorangan bae, mĕtoe alas mandjing alas.

Geus tepi ka leuweung langgong papanggih djeung Jaksa Majoeta, gawena keur ngoentaj beusi ngagolak, oerajan wadja sagĕde moending doemĕlĕg. Koe Moending Laja ditanja: »djin atawa setan, iblis atawa manoesia?" Jaksa Mangjoeta malikan ambĕkna kabina-bina:

»ngadingding sagĕde pasir,
ngaroenggoenoek nanding goenoeng,