Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde XLIX.pdf/143

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
120

simpangan ti kahijangan,
datangka toendjang boewana,
kana pongpok sarangenge,
ka aki Geleng Pangantjingan,
pangantjing langit pingpitoe.

Moending Laja kotjap datang ka kahijangan ka ejangna, ka Dewi Poehatji Wiroe Mananggaj teja, ka koedang Sri Mandala mahi, ka gĕdong Maneuh Mandala pageuh, ka iboe Poehatji Naga Wiroe, ka iboe Poehatji Rangga Sijah, ka iboe Poehatji Karana Leuwih, ka rama Seda Kawasa, ka Pĕrboe Sapala, ka noe mangkon para tjahaja teja, ka noe leuwih teu keuna koe ipis wadah, teu keuna koe owah koe noe sok pada-saroemping koe andjeun, ngamitkeun goerijang toedjoeh, njoehoenkeun langlajangan teja, wirehing impian iboena.

Ari tjeuk ejangna: "ejang teh soesah katjida, karana goerijang teh geus kapaparin djimat doehoeng kaboejoetan pakarang panimatan, tapi lamoen Raden bisa ngadjadikeun aki, teu sawijos paling heula lalajanganana, sijeun kaget, heran sabab njijeun pilalakoneun, oelah gorodjog tanpa raratan."

Ari tjeuk Moending Laja: "njoehoenkeun hibar kĕrsa ejang."

Teu lila Moending Laja ngagedog salira, wantoening tĕroes ing ratoe, rĕmbĕs ing koesoema, kĕrsa ejang Moending Laja djadi angin, angin poejoeh lilimboengan, angin barat reureundahan, lain angin poejoeh lilimboengan, lain angin barat reureundahan. Poegoeh soeroepan Moending Laja teja, toeloej ngapoeng. Teu lila lalajangan tĕroes beunang disoewal koe goerijang toedjoeh. Gantjangna goerijang pĕrang djeung angin, angin teh téroes bae neuneun lalajangan ditingalikeun ka ejangna, leungit angin djadi Moending Laja deui. Toeloej bae goerijang teh diperangan tĕroes ngapoeng, babi oerang manoesa toekang maling lalajangan, ijeu teh nagara aing sorangan, gantjangna ajeuna mah sija dilěbok goerijang toedjoeh. Pek ngarontok Moeding Laja dipĕrangan, tatapi teu beunang baë. Malah-malah Moending Laja mindahkeun roepa kana pajoeng; Geus beunang pajoeng koe goerijarg disasaäk, koe Moending Laja pek ditewak goerijang, pada newak, tina