Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde XLIX.pdf/144

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
121

matihna djimat goerijang doehoeng kaboejoetan, teurak kana oedĕngna, Moending Laja tĕroes kalah. gĕdĕboeg njanghoeloe ngidoel, geus Moending Laja teu bidjil soekmana, kaloewar tina koeroenganana ngaroepakeun awewe dingaranan Dewi Soekma.

Pek Moending Laja digĕbĕran koe kĕkĕmběn, dihatiean koe awewe teja, lagoe koe tjara sisindiran:

"raden teh lalaki langit,
raden teh lalanang djagat,
batoe toeroen tjadas ngampar,
leumpang dina taneuh beureum,
taneuh beureum kalandeuhkeun,
wirang teh katoeroeg-toeroeg,
kadjang leutik sabadjami,
gondjaë parandjang gagang,
oelah miris pipikiran,
tjangkoerileung beureum beuteung,
tjangkoerawok hedjo tonggong,
manoek lĕmboet pandjang boentoet,
tadadad nangankeun maneh."
Ting harewos njimas lantjoeng,
geura poegoeh kalakoean,
pakantinoen panganggeusan,
hiroep gĕde panoengtoengan,
taroeng teh sabraha taoen,
pĕrang teh sabraha boelan."
Top rontok dagorkeun, top tewak talian:
»geura silih andjoek oemoer,
geura silih hoetang njawa,
oemoer teh geura lindoerkeun,
njawa teh geura hoetangkeun,
montong inggis mitjeun pati,
montong rempan mitjeun njawa,
montong inggis da lalaki,
montong rempan da lalanang,
poepoes mah koering tiloena,
hilang mah koering siděkah,