Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde XLIX.pdf/148

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

125

semah baragadag birigidig; atoeh kadijeu tjalik ka bale si pangeujeukan.

Goeloesoer baë Soentĕn Djaja tjalik ka manggoeng, kana lampit soengging lawe lapis, lampit soelam tambir ĕmas, djelegedeg edeg-edegan.

Ari tjeuk Gĕgĕr Malela: »semah teh bĕt ngokorokeun djahat katjida, ngaroeksak dangdanan, seng baë dipariksa koe Gĕgĕr Malela: »semah bĕt ngokorokeun djahat katjida, sampean anoe timana lĕmboer matoeh dajeuh maneuh bandjar karang pamidangan, lĕmah tjai kapoetihan, bale geusan ngadjadi, sĕrta saha toewang djĕnĕngan, pare satĕngah tiaëng rek naon pisĕdjaeun, toetoep djoeroe oempak lintjar geura pok bedjakeun”.

Ana poentjĕrĕng teh Soentĕn Djaja: »heran katjida koe oerang Moewara beres, bisi hĕnteu njaho nja oerang anoe ngaran Soentĕn Djaja, poetra nangkoda noe digdjaja, anoe loehoer koeta rosa doenja anoe rosa banda teja, anoe ngaran Soentĕn Djaja teja.

Gĕgĕr Malela hoökeun baë nendjo semah ditanja pibedjaeun anggoer ngagoelkeun banda baë.

Ari tjeuk Soentĕn Diaja:

»ari oerang saĕnjana,
lain lantoeng tamboeh lakoe,
lain lentang tanpa bedja,
teu andĕng samian keuneung,
teu lentang samian midang,
lantoeng aja pilakoeeun,
lentang aja pibedjaeun,
dek ngalamar Dewi Asri”.

Pagar bobogohan djeung Moending Laja sidik atawa hĕnteu?”

Ari tjeuk Gĕgĕr Malela: »sadaja ge geus tĕrang katjida, Moending Laja ka Dewi Asri kabogohna ti bareto, kahajangna ti baheula, ngan doeka lamoen ajeuna, bedjana dipĕrih pati koe iboena koe ramana dititah njoesoel impian, ngapoeng sadjabaning langit, njokot lalajangan teja, teu atjan aja bedjana datang deui. Tah kitoe tjeuk patih nagara.