Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde XLIX.pdf/149

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

126

Ari tjeuk Soentĕn Djaja: »kapan ĕnggeus kodjor ditĕkoek goerjjang toedjoeh, ajeuna mah ka oerangkeun baë.”

Ari tjeuk patih nagara: »tatjan gasik nampi, oerang saoer heula baë djinisna Dewi Asri teja”. Teu lila djol datang ka pamĕngkang ngadeuheusan ka saderekna:

»Lakotoj sangkeloh mando,
esod ngempor djeung karembong,
idĕk likĕr djeung kĕkĕmben,
tjong ditarimbang koe sĕmbah,
doeh ĕngkang sadoeloer koering,
sabĕndoe-bĕndoe disoehoen,
sadoeka-doeka ditĕda,
sim koering gadoeh pihatoer,
njoehoenkeun soerija padang,
ĕngkang naon pikĕrsaeun,
bĕt njaoer ka djisim koering".

Ari tieuk Gĕgĕr Malela: »ijeu rek ngoeningakeun semah, sĕdjana ka ĕnden pisan, Soentĕn Djaja poetra nangkoda ka njai arek ngalamar:

»Bet Nji Dewi kĕlet baë,
kawas mata moending boele,
giroek bari mere sĕmoe,
djĕbris bari mere boedi,
godebag mere pitoewah,
lelewa teu panoedjoeeun,
mere batin nja lalaki,
matak kĕsĕl ngagarindjĕl,
matak ngewa amatanan,
matak geuleuh soepa beureum,
matak djĕlek ngalembereh,
kĕmbang wera kĕmbang beureum,
kĕmbang gandarija manis,
matak era deungeun-deungeun,
matak tjararija kami.

Kami teh boga beubeureuh, beubeureuh kami lain Raden Djaja, loetjoe poendoekna sĕrta lesang tarangna djeung deui