Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde XLIX.pdf/150

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

127

loetjir pipina, nampian ka Tji-dalima hĕnteu kopo-kopo atjan, handeuleun raraga djati, palataran babalean, tjaroge iklas raga djeung pati, lantaran eudjeung tjaroge, kadjeun teuing kokoro njoso, sok mararat rosa, soepaja kasep tjaroge:

»kadjeun moending boeloe hiris,
kadjeun koeda boeloe landak,
ka djalan ka parijakeun,
kadjeun ge ngĕdĕng boeligir,
goledag hanteu disamak,
soepaja djeung Raden Laja.

Geus kitoe tjeuk Soentĕn Djaia: »koedoe baë njai, teu bogoh koedoe bogoh, teu hajang koedoe hajang, teu dek lakian misti lakian, mĕnding mana koe akang dipaksa djol win baë.”

Djawab Nji Dewi Asri: »mangga koering tjarogean, roepakeun pamenta koering. Menta nagara djeung eusina, menta goedang dalapan poeloeh djeung eusina masing ĕngab djeung eusina goemirintjik boemi langit:

gĕdong gĕdah beunang natah,
bilik gĕdah lojang sari,
tihang gĕdah beunang natah,
reudjeung menta bokor ganggong,
bokor ganggong noe salongok,
nanampan anoe satoendjang,
ĕmas doekĕt golondongan,
djeung menta ingon-ingonan,
ingonan noe soemarajap,
reudjeung anoe soemarandang.
Menta banteng sĕmoe gading,
toengganganeun mantri-mantri.
Menta gadjah anoe bĕlang,
sarta parabotna ĕmas,
toelale gading kantjana,
sihoeng di gading malela,
ngagĕbaj boentoet banjoemas,
tjeulina parada papan,