Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde XLIX.pdf/158

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

135

karek roeboeh beunang noewar,
geus digdig datang noe meulah,
di djalan keneh dibeulah,
tatjan sapat geus dipapas,
tjoendoek deui toekang soegoe,
djol deui toekang sipatan,
ĕnggeus hĕnteu ngoeroes deui,
keuna kana mata deungeun,
disipat teu atjan parat,
datang noe toekang ngadĕgkeun,
geus djoeng baë diadĕgkeun,
djeung deuina toekang tatah,
geus ngĕtrok di loehoer imah,
koemaha tjaladi koendang,
roesoeh teuing noe ngadĕgkeun,
wantoe rosa teuing balad,
pagawean geus teu oeroes,
memeh oesoek hateup heula,
memeh nĕrapkeun daloeroeng,
paloepoeh ĕnggeus dipasang,
tihang teu atjan sadija,
geus nĕrapkeun bilik heula,
pamikoel aja di handap,
pangĕrĕtna tjlok di loehoer,
soehoenan di handap keneh,
ari woewoeng djol di loehoer,
bawaning koe rosa balad.

Soentĕn Djaja katingali koe noe geulis Gambir wangi, pimitohaeunana iboe Dewi Asri teja. Tjeuk Gambir wangi: „wah Soentĕn Djaja, karoenja teuing, ijeu nagara teu kaoer anggeus, balas moelaän ka toekang.”

Gantjangna dipangnjiptakeun baë, moeka karembong soetra tjinde woeloeng. Sanggeus ditjipta koe Gambir wangi, nagara teh kadjadian, dingaranan nagara Kokar beres, dieusikeun banda noe salawe kapal teh.