Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde XLIX.pdf/159

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

136

Ari tjeuk Goeroe Gantangan: „oerang Moewara beres bantoean ngoendjalan banda.” Tjeuk oerang Moewara beres: tara nanggoeng; pangnjijarkeun boeroehaneun baë.” Didjawab deui: „tara boeboeroeh.” Tjeuk oerang Moewara beres: „gantjangna banda teh dioeroes koe semah baë.”

Ari tjeuk Goeroe Gantangan: „lamoen djiga kijeu mah, priboemi teh ngawarah katjida.”

Ari geus kitoe Soentĕn Djaja ditĕpoengkeun djeung Dewi Asri, ngagoeroeh djeung tatabeuhan.

Goeroe Gantangan bebesanan djeung Rangga Malela, manahna soeka katjida. Dĕmi koe Gambir wangi ditjandak poetrana Dewi Asri teja ditĕpoengkeun ka Soentĕn Djaja barina njandak lĕmareun. Ditimbalan koe iboena; „dĕmi Dewi Asri, aja pihatoer”. Mangga, koering rendengan djeung Soentĕn Djaja, rendengan hjjasan baë, lĕkasan mah hajang sarĕng Raden Laja baë, hoewap lingkoeng djeung Soentĕn Djaja, ari ebog mah hajang djeung Raden Laja, barina njanggakeun lĕmareun ka Soentĕn Djaja teja, tatapi lĕmareun teh digantaran baë, koe sangeuk pagaris koelit.” Ari iboena era katjida, dirontok baë Dewi Asri djeung Soentĕn Djaja, dibawa ka padalĕman dipangantenkeun.

Ari tjeuk Gambir wangi: „dek ngera-ngerakeun kolot bari dikoentji;” iboena ladjĕng kaloewar sarta bebesanan deui. Dĕmi Dewi Asri gawena ngan pista baë, oepama Soentĕn Djaja ka djĕro, ijeu ka loewar, oepama Soentĕn Djaja ka loewar, Dewi Asri ka djĕro.

Kagaris ge mani nakis,
dioesap mani midangdam,
ditowel ge lolongseran,
radjeun oge koelĕm reudjeung,
dihalangan koe goegoeling,
Dewi Asri teh sasambat,
sasambat ka Raden Laja.

Geus kitoe aja alamat datangna ka Raden Laja goemĕbĕg di pangtapaän. Dĕmi tjeuk Moending Laja: „wah! Moending Sangkala, kami teh boga impian, ngimpi kalĕboeh di laoet,