Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde XLIX.pdf/160

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

137

bĕdjad kapal di sagara sĕrta peunggas djeung tihang tihangna, katoet djeung lajar-lajarna disamboet koe angin.”

Ari tjeuk Moending Sangkala: „sadaja-daja da Raden leuwih oeninga.” Ari Moending Laja njaoer deui, „ngan aja bereto oerang noenda pipawarangeun di nagara Moewara beres, ngan ditoöng baë koe elok sangkala bolong, awas katon tetela Dewi Asri geus ditjarogeankeun ka noe loehoer koeta gĕde doenja sĕrta dibawakeun banda salawe kapal.” Ari saoer Moending Laja: „ngаn moegi baë Dewi Asri oelah beunang dikoelĕman koe Soentĕn Djaja sĕrta dikirim impian saban peuting.”

Geus kitoe Moending Laja toeloej amit ka ejangna Dewi Poehatji Wiroe Mananggaj, kawidian sĕrta dipaparin djimat boeli-boeli ĕmas, eusina minjak tji-kahoeripan reudjeung doehoeng kaboejoetan teja.

Gantjangna Moending Laja, Moending Sangkala indit ti pangtapaän ti pangtjalikan, sĕrta lalajangan teh dibawa toeroen manggoeng, datang ti awang-awang, soemping ti djabaning bangit.

Teu ditjatoer di djalanna, djaoeh mowal boeroeng tjoendoek, anggang mowal boeroeng datang. Kotjapkeun datangna baë. Doeg djĕboel ka batoe patjakoep, ka Sangijang tjadas patenggang, kana karang gantjor pangbadjoan, ka anoe ditoenda teja, ka оеwа Kidang Panandjoeng, ka oewa Gĕlap Njawang.

Ari tjeuk Moending Laja: „eh Moending Sangkala, eta teh parahoe oerang noe ngadingding kawas pasir, ngaroeng goenoek kawas goenoeng, tjoba koe maneh geura angkat.” Koe Moending Sangkala ditewak tjaroek dibantingkeun ka tjai ka wahangan Tji-haliwoeng. Teu lila ear ponggawa newak ka Moending Sangkala: „sija teh bangsat mipit teu amit ngala teu menta, parahoe aing naha diangkat.” Kitoe teh bari Moending Sangkala pada nampilingan, tapi manehna tjitjing baë. Teu lila bidjil ambĕkna, tanggaj malela teja dek njakar ngagaroe kambangkeun, koe Moending Laja ditewak dikatoekangkeun: „maneh teh oelah ngalawan, eta teh karoehoen oerang, moen malĕs matak maneh doraka,