Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde XLIX.pdf/162

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

139

djeung deui awas ningali, tjeuk iboena: „rek naon mĕgat-mĕgat noe teu oeroes, Moending Laja teh naon gablĕgna, kokoro njoso, mararat rosa, tjalana karo beutian, noe ipis noe koerang orang, mĕnding ka Soentĕn Djaja sakahajang geuning roepa, nagara geus djeung eusina, banda ge salawe kapal.”

Ari tjeuk Dewi Asri ka iboena Gambir wangi:

„Kadjeun teuing da geus tĕpi,
geus tĕpi ka titis-toelis,
geus ninggang ka koelak tjanggeum,
sakijeu kadar pangeran,
topek rombeng diri koering,
sasawi djadi di tjai,
saladah dikahoemakeun,
ari moenggoeh diri koering,
kadjeun teuing djadi djoerig,
djadi djoerig oenggal kĕmis,
atawa djadi ririwa,
ririwa oenggal salasa,
kodjor teh djadi tongtohot,
njĕri beuheung sosonggeteun,
kikis tjopong pagĕr noöng,
noöng ningali Den Laja.”

Soemping iboena Nji Gambir wangi, ambĕk kabina-bina hĕnteu didenge omongan, njokot tjaor dek ditotog.

Dewi Asri ngĕdjat ngaleungit, toeloej baë kaloewar ti wawangoenan datang ka djambatan larangan, ka kĕmbang tjampaka warna, papanggih djeung parahoe, horeng teh sampan Den Laja. Dewi Аsгі gĕgĕгоап ka Patih Gĕlap Njawang: „tjing oewa eureunan koering soegan kĕrsa roeroempaheun, njimpang ka nagara koering.” Dĕmi Kidang Panandjoeng ngomong bari toeloej parahoe teh dileumpangkeun, Dewi Asri kasĕrĕngan loempat ka wahangan tjai, parahoena dibalikeun, noe ti hilir tjlok ti girang, Nji Dewi Asri tĕroes ka djĕro kana sampan Pelang kantjana.

Kasondong ka Sindang laja,
keur sono Den Laja aja,