Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde XLIX.pdf/163

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

140

dirontok djeung digalemoh,
dikaleng bari dipontel,
ditoengkoelkeun, ditanggahkeun,
ditjijoem dikoeja laoet,
sĕmoe diroenja dirĕnjoe,
ditjijoem disalindoengkeun,
diharewosan ditĕmpo.
Dipalang-palang koe dada,
njijoem bari ngegel biwir,
kopo tjondong djeung djongdjoho,
taleot djeung talawoengan,
Nji Dewi kalangkoeng sono,
Raden Laja oge komo,
galejoh kana lahoenan.
Den Laja montjorong teuing,
ti peuting sasat kaimpi,
ti beurang kapirarajkeun,
ngimpi koelĕm djeung andjeunna,
tĕpoeng soekma pada soekma,
ajeuna datang djinisna.

Ari gĕr teh: „koemaha panto teh boengangang sapeuting?”

Kasoer teh sabeulah soewoeng,
goegoeling soewoeng ti gigir,
njampakeun Den Laja soemping,
kadijeu kajoengjoen teuing,
agan teh djoengdjoenan ati,
„na Aden bĕndoe koe naon,
ditjijoem sasalindoengan,
digegel sasanggerengan,
dipisono njolowedor,
dipitineung los ka deungeun,
dipoentangan teu tarima,
dipageuhan ngoesiwĕlkeun.” blz.

Ari tjeuk Den Laja: „akang teh lain bĕndoe, ngan koe tjararape keneh baë.” „Bisi akang bĕndoe ka djisim koering, wireh ing koering dibawakeun banda salawe kapal koe