Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde XLIX.pdf/167

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

144

anggoer heug mĕrangan bаë,
noe matak toeroen amoekan,
tah kitoe lantaranana,
ajeuna mah seug koe koela,
koe koela rek diomongkeun,
oerang teh ngadongdon doeloer,
anoe ngaran Moending Laja,
bedjana aja di dijeu,
sidik atawana hĕnteu,
dĕmi ngaran kaoela teh,
katĕlah Moending Sangkala,
noe bidjil ti beulah batoe,
eling teh geus kijeu baë,
ari indoeng djeung bapa mah,
kaoela teh hĕnteu njaho.”

Ari tjeuk Gĕgĕr Malela: „pangdenge teh doeloer ka Moending Laja, ka dewek ge meureum baraja, malah ka bapana ge oewa ka Pĕrĕboe Siliwangi, ratoe di Padjadjaran, ajeuna mah oerang ontong toeloes pĕrang, hajoe oerang moelang baë ka ĕngkang, ka paseban, ka bale si-pangeujeukan, bale rarawis kantjana. Moending Sangkala toeloej ngiring ka pamĕngkang, toeloej pantjakaki baë.”

Ari tjeuk Gĕgĕr Malela: „bareto mah ĕпја pisan Moending Laja bobogohan ka noe geulis Dewi Asri sarereja pada njaho, ajeuna mah doeka teuing hĕnteu njaho, bareto teh aja bedjana handjat ka djabaning langit, kasamboet goerijang toedjoeh, kaoela bedjana deui, malah-malah ajeuna mah Dewi Asri teh geus boga salaki, Soentĕn Djaja-salakina, anak nangkoda oerang Noesa barang, koekoetan Goeroe Gantangan, oerang nagara Koeta Barang.”

Geus kitoe kadenge koe Soentĕn Djaja, ari tjeuk Soentĕn Djaja: „saha nanjakeun ngaran Moending Laja, geus euweuh di kijeuna, Moending Laja teh geus paëh ditĕkoek goerijang toedjoeh, ditoe di djabaning langit, ajeuna mah noe boga паgага Beres nja kami, noe ngaran Soentĕn Djaja teja, noe loehoer koeta gĕde doenja.”