Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde XLIX.pdf/168

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

145

Ari tjeuk Moending Sangkala: „koela mah nja soekoer baë, da toenggal doeloer ijeu ka Gĕgĕr Malela, malah koering oge sanggoep djadi pamoek di nagara Koeta beres, sanggoep njanggoet goentoer, njanggap sagara, barani katĕmpoehan oemoer, barani katĕmpoehan njawa.” Ari geus kitoe, ditoenda heula.

Tjarios, kotjapkeum Moending Laja djeung noe geulis Dewi Asri, dihandjatkeun koe oewana Kidang Panandjoeng, Gĕlap Njawang; toeloej baë ka nagara Moewara beres noe geulis djeung noe kasep.

Pajoeng hidji koe doewaän,
angkat bari rerendengan,
hoeroeng djiga lajoeng isoek,
djeung djiga boelan toemanggal,
nja keasik-keusik barĕntik,
nja tjadas-tjadas harerang,
nja batoe-batoe haroeroeng,
kahibaran koe noe geulis,
djangkoeng saroewa pĕndekna,
hidoeng saroewa konengna,
poeroen saroewa daëkna,
nineung saroewa sĕdĕngna,
roewas boengbas pipir hawoe,
noe geulis modongsong koneng,
mani goejoer salĕlĕmboer.
Geus gandeng di djĕro dajeuh,
ejar di djĕro nagara,
ngagoeroeh djeung tatabeuhan,
tĕmpatna di aloen-aloen,
aloen-aloen sewoe tahoen,
tanah lapang sewoe tjĕngkal,
tataloena toedjoeh tahoen,
njijeun pesta toedjoeh boelan.

Kotjap noe iring-iringan Moending Laja rendengan warna-warna, panajagan, toekang tjĕtrek mani geus teu koelitan,

Tijdsch. Ind. T.- L.- en Vk., dl. XLIX, afl. I.
10