Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde XLIX.pdf/169

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

146

toekang soerak teu soraän ngan bati tjalangap baë, toekang godĕg geus teu ngoeroes goöng, bati galar gilĕr baë, toekang rigig geus teu ngoeroes tjindĕk bati ririgigan baë, toekang karinding geus djadi koelit geus djadi daging, toekang bĕkok dalapan poeloeh ditendjo boöl geus mohbrol, lengser tĕng ka koelon, tĕng ka wetan;

Dagal-digil, sangkal-singkil,
tjawĕt poeril poepoerikil,
njĕntil sagĕde pĕpĕntil,
samping sina kotok nonggeng,
digalang-giling sampingna,
koneal toewang kagoengan,
sagĕde gadoeng pĕsekeun,
siki kontolna teh sanglir,
sanglirna ge toedjoeh likoer,
leumpangna teu kaoer madjoe,
salengkah ka doewa eureun.
Ditoenda; keur dangdan heula,
badjoe sapoeloeh ditoempoek,
koetang salawe dientep,
lain ngentep djang gadeëun,
pamahoegi nini-nini,
berendel kaníjing leherna,
sagĕgĕde ĕndog sowang,
ngadjĕpat kantjing wadjana,
sagĕde oempak gĕdogan,
sorenna doehoeng paparin,
beunang njarangkaän saoeh,
tĕrĕlĕng apĕng-apĕngan,
toempak koeda lalagaran,
sangawĕdi awi tali,
selana doelang sabeulah,
bawaning roesoeh koedana,
ditoengtoen teu daëk madjoe,
dilaänan kadalina,
digĕboeg koeda teh kaboer,