Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde XLIX.pdf/174

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

151

Teu katjatoer di djalanna, tjatoerkeun datangna baë ka nagara Koeta beres.

Pada tjoendoek sĕpoeh tiloe,
iteukna pada wĕrĕgoe,
bakal moetoes anoe padoe,
anoe bisa noelak sĕmoe,
ejar pada maroendjoengan,
tjeuk sadaja para-poetra,
ijeu oewa itoe oewa,
djadi oewa sarereja,
oewa sanagara eta,
moen djagong kapalang kolot,
moen katjang kapalang asak,
oewa Gading oewa Gading,
oewa Gading sarereja,
hĕnteu lila ditjalikeun,
oewa Gading ka pamĕngkang.

Ari tjeuk Gambir wangi: „soekoer pisan koe soenan oewa dilajad eukeur rendengan, geus tangtoe alamat roesoeh Den Laja djeung Soentĕn Djaja karana alamat padoe.”

Ari tjeuk Rangga Gading: koetan rendengan teh djeung saha?

Ari tjeuk Gambir wangi: „teu djadi ka Soentĕn Djaja, djadina ka Moending Laja karana Moending Laja teh datang deui, ajeuna ge keur hoewap lingkoeng.” Teu lila djol Soentĕn Djaja datang ka pamĕngkang, djol menta banda teja baë, noe salawe kapal teja. Ari tjeuk Rangga Gading: „maneh Soentĕn oelah waka menta banda, eta mah koemaha djinis, oerang saoer heula baë Den Laja djeung Dewi Asri.” Teu lila saroemping ka pamĕngkang kĕmpĕlan sadajana.

Ari tjeuk Rangga Gading ka Dewi Asri: „eh Njai, heula mаnа Soentĕn Djaja djeung Moending Laja ngalamarna ka Njai?”

Dewi Asri tatjan djawab, geus gĕr sadaja pada ngadjawab, balad oerang Koeta barang, malah oerang Padjadjaran oge teu biloe ka Moending Laja, ngiloena ka Soentĕn Djaja,