Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde XLIX.pdf/175

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

152

wantoe ĕnggeus diboeroehan kabeh oerang Padjadjaran; ari Soentĕn Djaja teja loehoer koeta gĕde doenja, beungharna kabina-bina, wantoening anak nangkoda.

Katjarita aja sahidji ponggawa ngaranna Gadjah Siloeman, oerang nagara Karang Siloeman. Disoewaj baë ponggawa sapirang-pirang, djaksa, papatih diliwat, tjalikna ka pajoen pisan.

Tjenk Rangga Gading: „dek naon maneh dijoek ka hareup teuing?” Ari tjeuk Gadjah Siloeman: „noehoen oewa goeroe sĕmbaheun, pĕrkara ajeuna lamoen dek mariksa koedoe ijeu ka lengser Padjadjaran. Lengser, maneh disaoer.” Ari tjeuk lengser: „mĕngke hajang ngising heula.” Ari tjeuk patih: „naha sija lengser lalawora disaoer teh, naha pĕrĕloe mаnа modol reudjeung nĕmonan.” „Soemoehoen dawoeh, raos abdi pĕrĕloe ngising djaoeh tangeh djeung kababajan mah pajoeneun ngeran.”

Gantjangna lengser loempat kana handapeun tjaringin tatapi teu ngising teu naon keur mikiran pidjawabeun baë, mowal gagal nanjakeun djalanan ngalamar, lengser bingoeng pidjawabeun, ari disĕboet heula Soentĕn Djaja teu njaho basa ngalamar, ari disĕboet heula Moending Laja poëkeun, sakitoe deui mĕnding tĕmonan baë, da ngan kasorangan agan pĕrtjajana, hanas pidjawabeun mangsa bodo ngeran baë. Teu lila lengser datang. Ari tjeuk Rangga Gading: „ijeu aing hajang nanja, maneh njaho Moending Laja djeung Soentĕn Djaja heula mana ngalamar ka Dewi Asri? Ari tjeuk sadaja mah heula Dewi Asri ditanjaän koe Soentĕn Djaja.” Ari tjeuk lengser: „kapanggihna koe abdi mah heula Moending Laja. Tĕtkala waktoe keur njiram miwarang njijar hondje, mahanan doewit dalapan kĕton, nja meunang ti dijeu pisan, ti nagara Moewara beres, hondje teh dalapan paseuk, sapaseuk sakĕton. Gantjangna abdi balik datang ka djalan kapahoeng teu nimoe djalan, djol ka nagara Karang Siloeman, ka ijeu Gadjah Siloeman, menta eureun abdi di dinja, ari keur eureun datang lengser Moewara beres, pokna menta hondje opat pasi, moelangkeun doewit opat kĕton, doemeh Gambir wangi njiram, ari tjeuk