Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde XLIX.pdf/176

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

153

abdi: mowal geus djadi djoewal meuli, djeung dibikeun hondje mah, toh pati djiwa raga.” Ari tjeuk Gadjah Siloeman: „mowal hade lengser beulah doewa baë.” Ari tjeuk abdi: „hade koedoe dibahanan sĕrat sanggakeuneun ka ratoe, ari tjeuk saeusining soerat geus gĕde oerang tikahkeun. Gantjangna balik baë abdi ka ratoe di Padjadjaran, njanggakeun hondje djeung soeratna, ari keur toewang hondje Padma Wati, datang Nji Gambir wangi, pokna ganti kapalaj, palaj toewang terong peuheur, kahajang sabeulah sewang djeung noe geulis Padma Wati.”

Gantjangna koe ratoe dipangnjiptakeun terong peuheur, dibeulah koe Gĕlap Panjawang koe doehoeng Kidang Panandjoeng, terong teh seëp sabeulah sewang, mana djiga beubeulahan terong, geura mangga oeninga Den Laja djeung Dewi Asri, malah-malah dek djiga nое sakĕmbaran.

„Samalahana koe ratoe,
disembarakeun enggalna,
soepaja pada oeninga,
saeusina Padjadjaran,
noe njiram sapanjiraman,
dikawinkeun memeh djadi,
ditikahkeun memeh mĕdal,
tĕpoengkeun memeh ngadjoeroe,
malah ditoekeur tameuhkeun,
karembong noe Padma Wati,
dianggo koe Gambir wangi,
karembong noe Gambir wangi,
dianggo koe Padma Wati,
sakitoe kanjaho abdi.”

Ari tjeuk Rangga Gading: „atoeh ari kitoe mah, dihin pinasti, anjar pinanggih, pinastina Raden Laja, pinanggihna Soentĕn Djaja. Moen kijeu mah bĕnĕr mowal meunang Dewi Asri, disaeuran oge koe banda, salakina bawa ngadjadi, doerijatna bawa ti koedrat, lir kĕris mandjing sarangka, sarangka mandjing kĕris, oepama kĕris Den Laja Dewi Asri sarangkana.”