Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde XLIX.pdf/177

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

154

Tjeuk Rangga Gading ka lengser: „lengser aing teh heran katjida, nja bĕnĕr omongan maneh, estoening toetoeroet moending hĕnteu njaho miloe-miloe, sapĕrti oerang Moewara beres kapan barajana ka oerang Padjadjaran, ka Moending Laja, naha miloe ka Soentĕn Djaja, aing teu kaharti katjida.”

Ari tjeuk lengser: „sadaja-daja gamparan leuwih njaho, abdi langkoeng oeninga, ari oerang Moewara beres teh hareroj kana patjokeun, haripeut kana teureujeun, kitoena mah meureun diboeroehan, ari ditejang kana kotorna mah euweuh anoe bĕrĕsih atina, lir oepama angeun saparijoek karagragan tai beurit doewa tanggoengan kotor kabeh.”

Ari tjeuk Rangga Gading: „ari kitoe mah Soentĕn Djaja maneh koedoe tarima eleh baë, sabab Dewi Asri teh lain milik maneh, milikna ka Moending Laja.”

Ari tjeuk Soentén Djaja: „koering teh tarima pisan pĕrkawis Dewi Asri njelehkeun baë, ari geus teu milik mah ka djisim koering, ngan banda salawe kapal teja, nagara reudjeung eusina, ajeuna bakal dipenta.” Ari tjeuk Rangga Gading: „wah Dewi Asri! ejang hajang nanja, geus sabaraha peuting Njai tjitjing, moen powe sabaraha powe, moen boelan sabraha boelan?” Ari tjeuk Dewi Asri: „noen kĕrsa ejang, teu kaitoeng peutingna, powena, boelanna, karana Soentĕn Djaja teh tjitjingna di dieu geus heubeul pisan, malah djeung koering ĕnggeus kawinan, ngan koering nadjis teu beuki, haram teu hajang, djeung koering teh malah koengsi ka kadaton, koengsi njiwit ka koering sakali, ngadjĕmbel barina nowel, koengsi nintjak sakali, seubeuh koering ngadjĕdjĕntoel dipĕgatan Soentĕn Djaja, seubeuh koering ngadjadjantĕng dihalangan Soentĕn Djaja.” Ari tjeuk Rangga Gading: „eh lengser! ajeuna mah geura prak baë heulakeun oewangna heula:

„Kana ongkos patjitjiwit,
djoemlahna dalapan datjin,
kana ongkos padjĕdjĕntoel,
rejana dalapan karoeng,
patitintjak dalapan laksa,