Lompat ke isi

Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/104

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
98

timbalan, beunang kami noeliskeun, soepaja diwoeroekkeun ka djalma-djalma.” Prak Moesa dangdan djeung Josoea gandekna; seug Moesa naek ka goenooug Allah. Ari dawoehan Moesa ka para kokolot teja: ,Dagoan bae di dijeu, tepi ka kami djeung gandek daratang deui ka maraneh.” Toeloej Moesa naek ka goenoeng, seug goenoeng teh kalipoetan koe mega teja. Ari kamoeljaän Pangeran linggih di loehoer goenoeng Sinai, katendjona koe panon oerang Israil kawas seuneu noe ngalěboer. Seug Moesa asoep ka djěro mega, ajana di gocnoeng 40 poë 40 peuting lilana. Ana parantos Pangeran ngandika ka Moesa, andjeunna ka Moesa maparin doewa papan pertelažn, papan batoe, ditoelisan koe panangan Allah.

§ 36. Sasapian ěmas.

(2 Moesa 32—34.)

1. Ari djalma-djalma geus pada těrangeun, jen Moesa teh lila loengsoerna ti goenoeng, toelooj djalma-djalma karoempoel. ka Haroen, sarta aroendjoekan kijeu ka andjeunna: „Mangga koering geura pangdamělkeun batara, baris angkat ti heulaeun koering; karana moenggoeh eta Moesa, djalma noe nginditkeun koering ti tanah Měsir teja, doeka kataradjang naon.” Saoer Haroen ka darinja: „Geura pada ngabětotan anting-anting emas anoe dina tjeuli pamadjikan-pamadjikan sarta anak maraneh, toeloej bawa ka kami.” Pek eta sakabeh djalma-djalma ngabětotan anting-anting emas, anoe dina tjeuli maranehanana, bari seng disanggakeun ka Haroen. Top koe Haroen ditjandak, toeloej didaměl hidji sasapian. Pok ngaromong: ,Eh Israil nja ijeu batara maneh, noe nginditkeun maneh ti tanah Měsir teh.” Barang Haroon ningali kitoe, toeloej ngadaměl hidji altar di hareupeunana, sarta Haroen ngoewarkeun, kijeu saoerna: „Isoekan bakal pesta bade ka Pangeran.” Geus braj isoek pada dangdan, prak ngoerbankeun koerban doeroekan, djeung ngahatoerkeun koerban panarima; gek djalma-djalma teh darijoek njatoe-nginoem, geus kitoe narangtoeng soekan-soekan. Tidinja Pangeran