Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/105

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
99

ngandika ka Moeza: „Maneh geura bral toeroen; karana oemat maneh, anoe koe maneh diinditkeun ti tanah Mesir teh, lebar lampahna. Gantjang temen eta teh njalingkir tina djalan, anoe koe kami ditimbalkeun ka maranehanana. Kami geus ningali eta bangsa, satěměnna bangsa noe heuras beuheung eta teh. Ari ajeuna kami teh ingkeun bae, soepaja kami sing banget nja běndoe ka darinja; koe kami dek diléboer; toeloej maneh koe kami dek didaměl bangsa gede.” Pok Moesa noenoehoen ka pajoeneun Pangeran Allahna, kijeu panoehoenna: „Pinaoneun, Pangeran! andjeun sakitoe sangët nja běndoe ka oemat andjeun, anoe koe andjeun dika-loewarkeun ti tanah Mesir nganggo kakoewatan noe agoeng sareng panangan noe kawasa? Pinaoneun oerang Měsir ngaromong, kijeu pokna: „Pangdiboedalkeunana koe andjeunna kersa njilakakeun, dipaehkeun di pigoenoengan, dikersakeun dieuweuhkeun tina tonggong boemi? Moegi geura sirna tina kasangětan běndoe andjeun, sareng moegi geura bandjakal aja manah njilakakeun ka oemat andjeun! Moegi masing emoet ka Ibrahim, ka Ishak, sareng ka Israil, abdi-abdi andjeun! Mapan andjeun dongkap ka soempah ka darinja, njebat salira andjeun; ari pangandika andjeun ka darinja kijeu: Kami rek ngadjëngkarkeun toeroenan maraneh tjara bentang di langit; sarta sakabeh tanah ijeu, anoe koe kami geus dilahirkeun, rek dipaparinkeun ka toeroenan maraneh, masingna kamilik salalanggengna.” Ladjeng Pangeran handjakaleun koe hal katjilakaän, anoe diandikakeun bakal didaměl ka oematna teja.

2. Tidinja Moesa malik, seug loengsoer ti goenoeng, pananganana njandak noe doewa papan pertelaän teja. Ari eta papan dadamělan Allah; toelisna ge toelis Allah, dioekir dina papan. Geus kitoo, barang geus deukeut ka pasanggrahan, sarta ningali eta sasapian reudjeung noe ngarigel, seug Moesa djadi běndoe, bloek ngabeubeutkeun noe doewa papan teja ti pananganana, dipeupeuskeun di handapeun goenoeng. Pek njandak eta sasapian, seug didoeroek koe seuneu, toeloej digiling, datang ka boeboek. bari sakalian diawoerkeun kana tjai, sina diarinoem koe oerang