Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/106

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
100

Israil. Toeloej Moesa ngadeg dina lawang pasanggrahan, bari ngalahir: „Saha-saha djalma kagoengan Pangeran, hijap ka kami!” Seug sakabeli oerang Lewi ngarijoeng ka Moesa. Lahiranana ka darinja: „Kijeu timbalan Pangeran, Allah Israil: Oenggal-oenggal djalma geura njoren pědangna; koedoe aloedar-iděr di pasanggrahan, oentang-anting ti lawang ka lawang deui; pek mareuntjit doeloer ka pada doeloer, batoer ka pada batoer, tatangga ka pada tatangga.” Prak oerang Lewi pada ngalampahkeun salahiran Moesa; poë harita djalma-djalma teh kira-kira 3000 anoe roeboeh. Démi geus kitoe, isoekna Moesa ngalahir ka djalma-djalma teh: „Maraneh migawe dosa, nja dosa gede pisan; děmi ajeuna kami dek oenggah deui ka Pangeran, malah-mandar kami djadi lantaran njijeun karapihan tina sabab dosa maraneh.” Bral Moesa ngadeuheus deui ka Pangeran. Pok oendjoekan kijeu: „Noen, eta djalma milampah dosa, nja dosa gede pisan. Doepi ajeuna, moegi-moegi dosana dihampoera bae; saoepami hanteu mah, soemangga diri koering pareuman tina kitab, anoe kenging andjeun njěrat.” Ari timbalan Pangeran ka Moesa: „Saha-saha noe boga dosa ka kami, nja eta noe koe kami dipareuman tina kitab kami.”

3. Tidinja Pangeran ngandika ka Moesa: „Kami rek miwarang hidji malaikat saheulaeun maneh, sarta rek ngadjongklokkeun oerang Kanaän. Karana diri kami moal angkat deui di tengah maneh; karana maneh bangsa noe heuras beuheung; bisi maneh koe kami dilěboer di djalan.” Barang djalma-djalma geus ngadenge eta pangandika noe sakitoe bangětna, seg pada prihatin, sarta taja pisan noe make pěrhijasanana. Tidinja Moesa njandak himah, seug dipasangkeun pikeun andjeunna di loewareun pasanggrahan, djaoeh ti pasanggrahan; sarta koe andjeunna diseboetkeun himah těpangan. Děmi geus kitoe, satijap-tijap Moesa geus lěbět kana himah, seug tihang mega teja toeroen, nangtoeng dina lawang himah; ladjeng andjeunna sasaoeran reudjeung Moesa. Ari koe sakabeh djalma katendjo, tibang mega teh keur nangtoeng dina lawang himah,