Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/107

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
101

neut sakabeh djalma haroedang, brěk saroedjoed, hidji-hidji dina lawang himahna. Ari ngandikana Pangeran ka Moesa papajoen-pajoen, sakoemaha djalma sasaoeran ka batoerna. Toeloej Moesa oendjoekan ka Pangeran: „Noen, ari timbalan andjeun tadi ka koering: Eta djalma-djalma koe maneh inditkeun; nanging andjeun ka koering hanteu maparin njaho anoe koe andjeun dipiwarang njaringan ka koering. Madak pameunteu andjeun hanteu njarěngan angkat mah, koering sadaja moegi oelah diinditkeun ti dijeu. Karantěn tina lantaran naon pikatawiseun, jen diri koering sareng oemat andjeun měndak sih-koernija dîna sotja audjeun? lain lantaran andjeun angkat njarěngan koering sađaja?” Ari timbalan Pangeran ka Moesa: „Malah ijeu pěrkara oge noe ditjatoerkeun koe maneh, koe kami rek dilampahkeun.”

4. Tidinja Pangeran nimbalan ka Moesa: „Maneh geura njijeun doewa papan batoe, tjara noe ti heula; geus kitoe kami dina eta papan rek noeliskeun sakoer pangandika, noe aja dina papan noe ti heula. Djeung koedoe oenggah ka goenoeng Sinai, marěk ka kami di dinja dina poentjak goenoeng.” Prak koe Moesa dilampahkeun, seug oenggah ka goenoeng, ajana di dinja sasarěngan Pangeran teh 40 poë 40 peuting lilana; teu ngadahar roti, teu ngaleueut tjai. Geus kitoe, mangsa Moesa loengsoer ti goenoeng Sinai, eta noe doewa papan pěrtelaän teh koe panangan Moesa ditjandak loengsoer ti goenoeng; ari Moesa teu oeningaeun, jen koelit pameunteuna montjorong asal sasaoeran djeung Pangeran. Ari Haroen djeung sakabeh oerang Israil sarijeuneun ngadeuheusan ka andjeunna. Toeloej Moesa nganggo ditjindoeng pameunteuna, seug ngalahirkeun ka oerang Israil sakoer noe geus ditimbalkeun ka andjeunna.


§ 37. Himah těpangan.
(2 Moesa 25-40.)

1. Timbalan Pangeran ka Moesa: „Koedoe njarijeun kasoetjian pikeun kami, da kami rek linggih di těngah maraneh. Sakoemaha noe koe kami rek dipintonkeun ka maneh, koedoe