Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/108

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
120

didjijeun koe maraneh nja kitoe pisan.” Tidinja ngandika ka Moesa: „Bedjakeun koe maneh ka oerang Israil, eta koedoe pada njanggakeun hatoeran ka kami. Ti oenggal-oenggal djalma anoe soeka hatena, maraneh koedoe njokot nja kijeu: ěmas, perak, djeung tambaga; barang biroe-langit, woengoe djeung sakělat, boëh katji djeung boeloe émbe, koelit domba beunang ngabeureum, koelit doejoeng djeung kai pilang; wawangian djeung intěn.” Tidinja oerang Israil pada njanggakeun ka Pangeran pangabakti bawaning soeka; oenggal-oenggal lalaki djeung awewe anoe soeka hatena, njanggakeun baris sakabeh pagawean, anoe koe Pangeran dipiwarang didjijeun. Ari djalma-djalma teh njanggakeun loba teuing, leuwih ti noe koedoe dipake kana pagawean teja. Toeloej Moesa ngadawoeh: „Awewe-lalaki montong njijeun deui bahan, keur pihatoeraneun kasoetjian.” Djadi djalma-djalma teh dieureunkeun njanggakeunana. Tidinja Běsalel djeung Aholiab, anoe disaoer koe Pangeran sarta bari dipinoehan Roh Allah, dipaparin kapintěran, kabinangkitan djeung pangabisa, ngarti saroepaning pagawean, eta prak digawe barěng djeung sakabeh djalma noe pintěr hatena, sakoer noe kabawakeun koe hate sorangan njabak pagawean, soepaja dilampahkeun.

2. Ari koe toekang-toekang didjijeun hidji balandongan noeroetkeun tjonto, anoe ka Moesa dipintonkeun dina goenoeng. Eta balandongan palajoena 30 asta, panggěrětna 10 asta, djeung loehoerna 10 asta. Bilikna papan kai pilang, disapoet ěmas. Di loehoer sarta di loewar balandongan ditoetoep koe koelamboe sarta koe koelit. Lawangna (těbeh wetan) ditoetoep koe tetebeng noe aloes. Di djero balandongan aja reregan. Enggon antara lawang djeung eta reregan diseboet ěnggon soetji, palajoena 20 asta. Enggon noe hidji deui nja ěnggon pangsoetji-soetjina. Djeung deui balandongan aja boeroean noe 100 asta pandjangna sarta 50 asta panggěrětna. Dingdingna boeroean teh boëh katji gintiran, anoe ditěrapkeun ka tihang-tihang noe soekoena tambaga.