Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/109

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
103

3. Koe toekang-toekang teh didjijeun pětí pěrtelaan koe kai pilang, disapoet koe ěmas. Di djěro eta aja doewa papan batoe teja, anoe kasěratan koe sapoeloeh timbalan. Ari toeroeb eta pěti koe ěmas pitoewin, sarta diseboet toeroeb pangrapih. Dina toeroeb teh didjijeun doewa moemoekarabinan ěmas, djangdjangna meber ka loehoer, bari ngijoehan koe djangdjangna kana toeroeb pangrapih. Sarta beungeutna pahareup-hareup, taroengkoel kana toeroeb pangrapih. Ari pěti pěrtelaän pěrnahna dina ĕnggon pangsoetji-soetjina. Djeung deui koe toekang-toekang didjijeun, soepaja dipěrnahkeun dina ěnggon soetji: hidji altar paragi ngoekoes seuseungitan; eta kai pilang, disapoet ěmas pitoewin; djeung hidji medja kai pilang, disapoet emas pitoewin, paranti neundeun roti tingalieun 12 siki, anoe koedoe aja di pajoeneun Pangeran salalawasna; sarta hidji adjoeg ěmas pitoewin, noe aja 6 tjabang reudjeung poehoena, sarta make 7 palita. Djeung deui, soepaja dipěrnahkeun dina boeroean, didjijeun hidji altar paranti koerban doeroekan; eta kai pilang, disapoet tambaga, pasagi sarta di tengah dieusi koe taneuh; sarta hidji paso tambaga baris koekoembah, keur para panghoeloe.

Katerangan. Děmi balandongan teh saestoe ngaranna Himah těpangan, himah pěrtelaân djeung panglinggihan. Eta diseboetkeun himah těpangan, sabab di dinja Allah kersa těpang djeung oematna. Eta disěboetkeun himah pertělaën, sabab di dinja Allah kěrsa měrtelaan sih-koernijana. Eta diseboetkeun panglinggihan, sabab di dinja Allah kěrsa linggih di antara oematna. Nandakeun balandongan teh titiron karadjaan Allah djeung kalangkang garedja Kristoes. Dina ěnggon anoe pangsoetji-soetjina Jahoewa koe andjeun linggih, ěnggon soetji djadi tempat tjitjing oemat Allah anoe djonghok ka Jahoewa. Tatapi koe doemeh oerang Jahoedi tadi mioendjoek ka Moesa: ari Allah mah moegi oelah ngandika ka koering, bisi koering paeh, lain oemat anoe dipaparin asoep ka dinja, ngan panghoeloe-panghoeloe bae. Ari tempat tjitjing oemat, nja eta boeroean. Demi koe parabot dina saěnggon-saěnggonna dioepamakeun anoe dipolah koe eta anoe ngeusian saěnggon-saěnggonna. Dina ěnggon anoe pangsoetji-soetjina linggih Allah; ari kaadilan djeung hoekoem noe djadi padëmen panglinggihanana. Koe ěnggon soetji diwoeroekkeun,