Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/113

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
107

Panganggona panghoeloe, nja eta badjoe kamis, boëhna boëh katji. Saloewareun panganggo kapanghoeloean jeu koe panghoeloe agoeng koedoe dianggo badjoena epod, woengkoel biroe langit. Saloewareun badjoena epod, aja epod, eta didjijeun ti emas, barang biroe langit, woengoe, sakčlat djeung boëh katji. Saloewareun epod, aja oto pangadilan, tina emas biroe langit, woengoe, sakělat djeung boëh. Eta koedoe ditaretes koe intěn tareteskeuneun, opat djadjar intin. Dina sadjadjar 3 batoe inten. Kana eta koedoe dioekir 12 ngaran kaom Israil. Djadi Haroen teh, satijap-tijap asoep kana enggon soetji, koedoe mawa ngaran anak Israil dina oto pangadilan, dina hatena, baris ngelingkeun ka pajoeneun Pangeran salalawasna. Kana oto pangadilan diteundeun eta Oerim djeung Toemim. Koe djalan eta parabot, panghoeloe agoeng sok meunang pitoedoeh ti Pangeran hal pěrkara anoe koedoe dilampahkeun atawa ditinggalkeun. Kana sorban panghoeloe agoeng diterapkeun hidji djamang emas pitoewin, ari dina eta geus dioekir basa anoe kijeu: „Soetji bade Pangeran.”

2. Ari geus diadegkeun himah těpangan, toeloej Haroen sarta poetra-poetrana disoetjikeun kana tjangkinganana. Děmi geus dimandian, toeloej koe Moesa dianggoan koe panganggo kapanghoeloean teja, bari dilisahan koe minjak soetji. Sanggeus kitoe Haroen ngadeukeutan kana altar pikeun ngoerban, keur dirina heula, toeloej keur sabangsa Israil. Koe Moesa ditjandak tina gětih eta koerban, seug Haroen sarta poetra-poetrana noe lalaki dikepretan leungeunna djeung tjeulina sarta soekoena. Beh kamoeljaän Pangeran nembongan ka sakabeh djalma-djalma; sarta aja Beuneu bidjil ti pajoeneun Pangeran, ngalěboer eta koerban.

Hidji waktos poetra Haroen, njo eta Nadab djeung Abihoe, pada njokot paroekoejan, hidji sewang, diseunenan, sarta seunen teh diteundeunan seuseungitan, toeloej ngahatoerkeun ka pajoeneun Pangeran eta seuneu sedjen, anoe lain ditimbalkeun koe Pangeran ka darinja. Seng aja seuneu bidjil ti pajoeneun Pangeran, ngalěboer ka eta doewaän.