Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/114

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
108

Aja deui pangandika Pangeran ka Moesa, kijeu pangandikana: „Maneh koedoe mitjatoer ka Haroen djeung anakna lalaki, kijeunja pok: Maraneh ngaběrkahan ka oerang Israil, koedoe kijeu nja ngomong ka darinja: Pangeran moegi ngaběrkahan ka maneh sarta ngaraksa ka maneh. Pangeran moegi njaängkeun pameunteuna ka maneh sarta maparin koernija ka maneh! Pangeran moegi ningali pameunteuna ka maneh sarta maparin kasěnangan ka maneh! Djadi eta koedoe neundeun djěněngan kami ka oerang Israil; tangtoe oerang Israil koe kami diberkahan.”

§ 40. Poë pesta.

(3 Moesa 16, 23, 25; 5 Moesa 16.)

1. Nimbalan Pangeran ka Moesa: „Misti pisan maraneh ngestoekeun sabat kami; karana nja eta noe djadi tanda di antara kami djeung maraneh, toeroen-toemoeroen, soepaja kanjahoan jen kami Pangeran njoetjikeun ka maraneh. Oenggal-oenggal djalma noe ngalampahkeun pagawean dina sabat, nja eta djalma koedoe dibasmi, di leungitkeun ti těngah bangsana. Dina boelan noe katoedjoeh, dina tanggal hidji, maraneh koedoe ngaděg poë eureun, pangingět-ngingět, make sẽngek sangkakala, pakoempoelan soetji. Didinja maraneh oelah ngalampahkeun pagawean naon-naon. (Nja eta poë taoen baroe oerang Israil.) Dimana maraneh geus asoep ka tanah anoe koe kami dipaparinkeun ka maraneh, toeloej tanah teh koedoe aja sabatna, sina eureun baris ka Pangeran. Koedoe njěbaran lahan maneh gěněp taoen lilana sarta ngoem poelkeun hasilna; děmi katoedjoehna mah koe maneh koedoe dilěpaskeun ditoenda, soepaja noe mariskin bangsa maneh dadaharan nja toerijang, oeroet maneh diboewat; ari noe dikarikeun koe eta, pihakaneun sato těgal. Waktoe pesta saoeng běbětek dina taoen sabat, koedoe dipangadjikeun Toret, sing kadenge koe sarereja, lalaki, awewe djeung baroedak, kitoe deui djalma madjik, soepaja pada diadjar, sarta sarijeuneun koe Pangeran. Djeung deui maneh koedoe milang keur diri maneh toedjoeh