Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/115

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
109

taoen sabat, djadi rejana 49 taoen. Ari dina boelan noe katoedjoeh, dina tanggal sapoeloeh, maneh koedoe ngiděrkeun sēngek sang kakala, seug koedoe njoetjikeun eta taoen noe kalima-poeloeh teh, sing djadi taoen kasoekaän. Oelah maraneh njebar djeung oelah diboewat toerijangna. Djeung lamoen maraneh ngomong: Naon pihakaneun oerang dina taoen noe katoedjoeh (49), da mapan oerang teu njëbar djeung teu ngakoetan beubeu nangan? Eta kami tangtoe miwarang berkah kami ka maraneh dina taoen noe kagěněp, sina ngajakeun hasil tiloe taoeneun. Djeung koedoe ngoewarkeun kamordikaän dina tanah keur sakabeh priboemina; didinja maraneh koedoe moelang ka samilik-milikna, djeung maraneh koedoe balik ka saäsal-asalna. Lamoen maneh meuli ti batoer, koedoe ngitoeng taoen ti sanggeus taoen kasoekaän; batoer ngadjoewal ka maneh koedoe ngitoeng taoen piboewateun. Mingkin reja taoen, mingkin tambah pameulina; sabalik na mingkin saeutik taoen, mingkin koerang pameulina; wantoe-wantoe ngadjoewalva ka maneh nja reja piboewateun.

2. „Tiloe kali di djero sataoen sakoer djalma lalaki di maneh koedoe pada ngadeuheus ka pajoeneun Pangeran, Allah maneh, di nggon anoe bakal dipilih koe andjeunna. Dina boelan noe mimiti, dina tanggal 14, antara sore djeung boerit, paska baris ka Pangeran. Ari dina tanggal 15, boelan eta keneh, pesta roti teu ragian baris ka Pangeran. Toedjoeh poë lilana maraneh koedoe ngahakan roti teu ragian. Djeung deui maraneh koedoe nganteurkeun loeloegoe piboewateun sabeungkeutan ka panghoeloe (tendjokeun § 32). Ti watěs mitěm bějan diboewat koedoe milang toedjoeh minggoe. Didinja maneh koedoe milampah pesta minggoe (pentekosta) baris ka Pangeran; koedoe ngahatoerkeun koerban kadaharan noe anjar (nja eta roti tina tarigoe noe anjar diboewat). Dina tanggal 15, boelan noe katoedjoeh, pesta saoeng běbětek, lilana toedjoeh poë, baris ka Pangeran. Sanggeus maraneh ngakoetan hasil taneuh (boewah-boewah, minjak, tji-anggoer), koedoe pada ngěnggon dina saoeng, toedjoeh poë lilana, soepaja toeroenan