Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/120

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
114

ka-loewarna ti Mesir, dina boelan noe kadoewa, dina tanggal 20, harita mega teja oenggah tina loehoer balandongan pertelaän. Tidinja balandongan diroewag, digotong koe toeroenan Lewi. Broel oerang Israil ngabroel ti tegal Sinai, noeloejkeun pangleumpanganana. Ari djalma tjampoeran, (§ 32, 3) auoe di tengah Israil, pada datang hawa-napsoe; heug oerang Israil ge tjareurik deui, bari ngaromong: ,Eh, saha ka oerang pimereëun njatoe laoek? Oerang teh ras ingět ka laoek tjai, anoe bareto koe oerang sok dihakan di Mesir, teu karana dibajar, djeung ka bonteng, ka samangka sarta ka bawang. Ari ajeuna mah ati oerang teh garing; euweuh naon-naon di dijeu, ngan eta Man bae noe kadeuleu.” Seug Pangeran běndoe, bangět katjida, sarta koe pangraos Moesa ge goreng. Pok Moesa oendjoekan ka Pangeran: „Koering teh teu kijat, sorangan ngais eta sadajana djalma; sabab abot teuing, teu kabantoen koe koering.” Ari timbalan Pangeran ka Moesa: „Kami pangngoempoelkeun 70 djalma kaäsoep kokolot Israil; nja eta koe maneh koedoe dibawa ka himah těpangan. Geus kitoe kami rek loengвoer, ngandika ka maneh di dinja, djeung kami rek njandak tina Roh anoe di maneh, toeloej diteundeun di eta, sina pada njoendang moewatan, ngabantoe ka maneh ngais eta djalma-djalma. Sarta maneh ka djalma loba koedoe marentah kijen: Maraneb geura njoetjikeun diri; koedoe sadija isoekan; di dinja maraneh tangtoe ngahakan laoek, moal sapoë, istoening saboelan lilana, wani maraneh datang ka bosen." Seug koe Moesa dilampahkeun kitoe. Djěboel aja angin bidjil ti Pangeran, mawa poejoeh ti laoet, diragragkeun ka pasanggrahan. Pakěpoek djalma-djalma darangdan, pek pada moeloengan poejoeh, sapoe eta djépoet. Ari eta laoek masih keneh ditjapek koe maranehanana, tatjan bejak dibakanna, ladjong Pangeran djadi běndoe ka eta djalma, sarta Pangeran ngeunakeun balahi ka eta djalma-djalma, bangět kabina-bina. Noe matak eta enggon diseboetkeun Kibrot-Taäwa; sabab nja di dinja diroewangna djalma-djalma noe datang napsoe teja.

2. Mangsa eta Mirjam djeung Haroen Djalaoer goreng