Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/121

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
115

ka Moesa, kijeu salaoerna: „Karah Pangeran ngandika teh ngan woengkoel koe lantaran Moesa bae, lain koe lantaran kawoela doewaän ongkoh?” Děmi Moesa teja djalma sareh katjida, ngoengkoelan sakabeh manoesa noe dina tonggong boemi. Geus kitoe Pangeran oedjoeg-oedjoeg nimbalan ka Moesa, djeung ka Haroen, sarta ka Mirjam: „Maraneh tiloean geura ka loewar kana himah těpangan!” Bral tiloeanana ka loewar. Ladjeng Pangeran loengsoer dina tibang mega teja, bari njaoer Haroen djeung Mirjam. Ari timbalanana: „Darengekeun koe maraneh ijeu pangandika kami: Oepama aja nabi di maraneh, ijou kami Pangeran nganjahokeun andjeun ka dinja koe lantaran tetendjoan; kami ngandika ka dinja koe lantaran impian. Lain kitoe abdi kami Moesa; nja eta teh mitoehoe ka sagědong kami kabeh. Ka eta mah kami ngandika biwir pada biwir, sarta njata, lain lantaran omongan mělěngměng, toer awaseun dina roepa Pangeran. Naha maraneh hanteu sijeun ngaromong goreng ka abdi kami, ka Moesa?” Sarta Pangeran djadi běndoe ka eta doewaan; ladjeng angkat. Ana mega geus njingkah ti loeboereun himah, doemadakan, Mirjam keuna kasakit lepra, ngeplak sapěrti saldjoe. Toeloej Moesa sasambat ka Pangeran, piceudjoekna: „Noen Allah! moegi-moegi eta ditjageurkeun!” Děmi timbalan Pangeran ka Moesa: „Sina ditoetoep toedjoeh poë lilana di loewareun pasanggrahan; kakara meunang diasoepkeun deui.”

§ 44. Koemisi lolongok.

(4 Moesa 13, 14.)

1. Ti goenoeng Sinai oerang Israil ka tanah Kanaän. Ari geus narepi ka tegal Paran, kidoeleun tanah Kanaän teh, noeroetkeun timbalan Allah, koe Moesa dipilih 12 djalma, tina oenggal-oenggal kaom saoerang-saoerang. Eta koe Moesa dipiwarang leumpang, sina lolongok tanah Kanaän. Bral arindit, toeloej pada lolongok eta tanah. Ana daratang ka lebak Eskol, Beug ti dinja ngeureut hidji daban anggoer katoet boewahna saranggeuj; toeloej digotong koe doewaän, make rantjatan; sarta marawa