Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/123

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
117

2. Sěděk kamoeljaän Pangeran nembongan dina himah těpangan ka sakabeh oerang Israil. Ladjeng Pangeran nimbalan ka Moesa: Sabaraha pililaeunana eta djalma-djalma nja rek ngahihina ka kami? djeung sabaraha pililaeunana eta teh teu pěrtjajaeunana ka kami, nadjan sakitoe loba tanda, noe koe kami geus didaměl di tengahna? Koe kami rek diparaehkeun koe pagěboeg, nja dek disalingkirkeun; toeloej maneh koe kami rek didaměl bangsa, nja gěde, nja rosa ti batan eta.” Ari pioendjoek Moesa ka Pangeran: „Saoepami andjeun maehkeun jeu bangsa, sapertos ka djalma saoerang mah, tinangtos sadajana bangsa noe geus pada ngoeping warta perkawis andjeun, ngaromong kijeu pokna: Tina sabab Pangeran teu bisaeun ngasoepkeun eta bangsa ka djero tanah, noe koe andjeunna didjangdjikeun ka darinja kalawan soempah teja, noe matak seg koe andjeunna dipareuntjit di těgal lega. Moegi-moegi ngahampoera kana kasalahan ijeu bangsa, noeroetkeun kaägoenganing kaäsihan andjeun, sareng sakoemaha parantos ngahampoera ka ijeu bangsa ti Měsir dongkap ka dijeu!” Ari timbalan Pangeran: „Koe kami dihampoera téroes saomongan maneh. Parandene kitoe ge, sakabeh djalma noe geus narendjo kamoeljaän kami, kitoe deui tanda-tanda kami, anoe didaměl koe kami di Měsir djeung di těgal léga, sarta sok njoba-njoba ka kami geus sapoeloeh kali ijeu, hamo pisan narendjo kana tanah, noe koe kami didjangdjikeun ka karoehoenna kalawan soempah teja. Děmi Kaleb djeung Josoewa mah, sabab direudjeungan Roh sedjen, koe kami rek diasoepkeun kana tanah teh. Sakabeh lorisan maraneh, sarerejana, ti sěmět vemoer 20 taoen ka loehoer, hamo piasoepeun ka eta tanah; ari majitna bakal raroeboeh di ijeu tégal lega. Sarta maraneh bakal diarangon di tegal lega 40 taoen lilana, satimbang rejana poë maraneh lolongok eta tanah, sapoë sataoen sapoë sataoen. Děmi anak-anak maraneh, nja eta noe koe kami rek diasoepkeun, sarta nja eta noe bakal nganjahokeun ka eta tanah, noe dipitjeun koe maraneh.” Ari eta djalma, noe koe Moesa dipiwarang lolongok eta tanah, toeloej parseh di pajoeneun Pangeran koe lantaran