Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/124

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
118

balahi. Děmi Josoewa djeung Kaleb mah dihariroepan. Tidinja koe Moesa sadajana pangandika noe bijeu teja dilahirkeun ka sakabeh oerang Israil. Seug djalma-djalma teh pada prihatin liwat saking. Pok pada mihatoer: „Noen, ijeu simkoering sadaja, sareng sědja arindit ka enggon anoe koe Pangeran ditimbalkeun teja; karantén simkoering pada tarima dosa.” Děmi lahiran Moesa Lampah kitoe moal loeloes. Oelah waka arindit, karana Pangeran moal di tengah maraneh.” Sanadjan kitoe, braj isoek pada dangdan, oenggah ka poentjak goenoeng. Djoet toeroen oerang Amalek djeung oerang Kanaän, noe tjaritjing dina eta pigoenoengan; pek eta oerang Israil dikaradek djeung disoentroeng-soentroengkeun.

$45. Korah djeung batoerna noe ng araman.

(4 Moesa 16, 17).

1. Hidji mangsa Korah, toeroenan Lewi, mawa Datan djeung Abiram, doewanana toeroenan Roebin; pada dek ngamoesoeh ka pajoeneun Moesa, dibatoeran koe djalma 250, oerang Israil, pada gegěden padjemoehan. Pok ngaromong ka Moesa djeung ka Haroen: Teungteuingeun teuing arandjeun teh, karana sapadjémoehan soetji sadajana; naha arandjeun mana moendjoelkeun maneb, ngaloehoeran ka pakoempoelan Pangeran?” Ngalahir Moesa ka Korah djeung sakabeh batoerna, kijeu lahirna: „Isoek-isook Pangeran tangtoe maparin njaho, anoe mans kagoenganana, sarta mana noe soetji, noe dipiwarang ngadeuheus ka andjeunna. Teungteuingan teuing maraneh, anak Lewi! Naha pagar maraneh saeutik teuing, jen maraneh koe Allah Israil dibedakeun djeung padjěmoehan Israil, dikérsakeon ngadeuheusan ka andjeunna, baris ngalampahkeun pagawean balandongan Pangeran; naha maraneh mikarep kapanghoeloean ongkoh? Koe sabab eta, maraneh pangsailon teh estoe goreng ka Pangeran; da ari Haroen mah nahaon, wet maraneh gegělěnděng ka inja?” Geus kitoe miwarangan ngala Datan djeung Abiram teja. Demi