Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/127

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
121

§ 46. Oerang Israil keur oedar-iděr di těgal lěga.

(4 Moesa 20, 21.)

1. Sanggeus kitoe oerang Israil pada maratoeh dina těgal kikisik, kawas sahidji bangsa noe geus dipitjeun koe Allah. Eta pada njatjampah kana sabat-sabat Pangeran, eta pada ngahibina kana hoekoem Allah sarta teu ngestokeun kana timbalan Goesti (Jěh. 20). Koerban peuntjiteun djeung koerban kadaharan koe maranehanana teu dihatoerkeun, eta anggoer ngagogotong balandongan Moloh djeung bebentangan Rempan, nja eta artja beunang maranehna njijeun pikeun sěsěmbaheun teja (Lalamp. 7 : 43; Amos 5 : 26, 27). Ari djalma noe oemoer doewa poeloeh djeung saloehoerna keur mangsa ka loewar ti tanah Měsir, eta hos paraeh dina těgal kikisik. Ari di dinja djadi toeroenan anjar, anoe hanteu njaho di tanah Měsir, ngan koe tina tjarijos sěsěpoehna. Sabalikna Pangeran mah, anoe dipitjeun koe maranehanana, andjeunna moal hanteu eling kana pěrdjangdjianana. Koe karana pěrdjangdjianana djeung koe karana anak-anakna anoe bakal daratang dina tanah anoe didjangdji teja, seug maranehanana koe Pangeran dirawatan koe man djeung diinoeman koe tjai ti djěro karang; koe Pangeran ditjěkapan sakakoeranganana, dipětakeun ari papakeanana moal dek boeroek di awakna, taroempahna moal dek boeroek di soekoena, sarta soekoena hanteu datang ka barareuh. (Tendjokeun 5 Moesa 8:3, 4; 29:5.)

2. Dina boelan noe mimiti, taoen noe kaopat-poeloeh, oerang Israil daratang deui di Kades. Toeloej Mirjam poepoes di dinja. Mangsa eta padjěmoehan teu bogaeun tjai. Toeloej karoempoel, dek goreng ka Moesa djeung ka Haroen. Bral Moesa djeung Haroen ti hareupeun pakoempoelan arangkat ka lawang himah těpangan, brěk njaroeoeh. Seug kamoeljaän Pangeran nembongan ka arandjeunna. Ladjěng Pangeran ngandika ka Moesa: „Maneh geura njokot iteuk teja, seg koempoelkeun eta padjěmoehan, nja maneh djeung Haroen, doeloer maneh; toeloej maraneh koedoe