Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/128

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
122

ngomong ka batoe karang, sing kasaksian koe sakabehna, tangtoe ka loewar tjaina.” Tidinja Moesa djeung Haroen ngoempoelkeun eta pakoempoelan ka hareupeun batoe karang; seug dilahiran kijeu: „Eh, djalma noe pada mantangoel! geura darengekeun; koemaba kami koedoe ngabidjilkeun tjai keur maraneh ti djëro ijeu batoe karang?” Toeloej Moesa ngadjoengdjoengkeun pananganans, pek eta batoe karang diteunggeul koe iteukna doewa kali; tjor ka loewar tjai loba pisan. Demi Pangeran nimbalan ka Moesa djeung ka Haroen: „Sapedah maraneh teu pěrtjaja ka kami, teu njoetjikeun ka kami di hareupeun panon oerang Israil, noe matak maraneh moal ngasoepkeun eta pakoempoelan kana tanah, noe koe kami dipaparinkeun ka darinja.” Nja eta teh tji Mēriba; sapedah oerang Israil pada madoean ka Pangeran.

3. Tidinja Moesa ti Kades miwarangan djalma ka radja Edom, ngoeninga kijen: „Aja pihatoer raji andjeun Israil, kijeu: Andjenn langkoeng oeninga di saniskantén kaewědan, anoe kapěndak koe kaoela sadaja di Měsir, sareng deui jen kaoels koe Pangeran pada dika-loewarkeun ti Měsir. Salěrěsna kaoela ajeuna araja di Kades, nagara toengtoeng wewengkeran andjeun. Moegi kaoela pada diidinan njorang tanah andjeun; moal njorang laban atanapi kěbon anggoer, sareng moal nginoem tjai tina soemoer. Anoe bade disaba koe kaoela djalan gede, moal njimpang ka katoehoe atanapi ka kentja, dongkap ka geus kasorang wewengkeran andjeun.” Ari djawab Edom ka Israil: „Maneh moal dibere njorang ka tanah kami, bisi kami boedal, mapag ka maneh koe pedang.” Malah Edom teh boedal, mapag ka Israil, mawa bala loba naker. Toeloej Israil njimpang ti manehanana.

Katerangan. Bangsa Edom njs toerocenan Exane, doeloer Israil. Koe sabab eta Israil hanteu didinan merangan ka dinja. Sabab koe Edom bauten dibere ujoraug tanalına, Israil koedoe ujorang djalan belot sarta pandjang, tegesna koedoe ngoerilingan satanah Edom, toeloej něpí ka tanah Kanain, wewëngkëran wetan.

4. Broel ngabroel ti Kades, toeloej oerang Israil daratang ka goenoeng Hor. Di dinja Haroen koedoe dirijoengkeun ka