Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/129

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
123

bangsana. Noeroetkeun timbalan Allah, Haroen. djeung Elasar poetrana koe Moesa dibarawa enggah ka goenoeng. Tidinja Haroen teh koe Moesa ditjoetjoelan panganggona, bari sakalian dipakekeun ka Elasar. Seug Haroen poepoes dina poentjak goenoeng, ari sapadjěmoehan Israil pada njeungtjeurikan ka andjeunna 30 poë lilana. Broel ngabroel ti goenoeng Hor, djalan ka laoet Agěr, sědjana ngoerilingan tanah Edom. Keur di djalan djalma-djalma kareuheul ati, ngaromong goreng ka Allah djeung ka Moesa kijeu: „Naha andjeun mana nginditkeun koela sakabeh ti Měsir, mambrih paeh di těgal lěga? karana euweuh roti sarta euweuh tjai, djeung hate kaoela barosën kana kahakanan noe sakitoe gambosna.” Ladjěng Pangeran ka eta djalma-djalma ngadatangkeun oraj matih; nja eta seug ngaregel ka djalma-djalma; loba pisan djalma bangsa Israil noe datang ka paeh. Boeroeboel djalma-djalma ngadareuheus ka Moesa, sarta