Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/130

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
124

aroendjoekan: „Simkoering pada tarima dosa; moegi-moegi něněda ka Pangeran, ijeu oraj koe Pangeran moegi disingkahkeun ti simkoering sadaja.” Seug djalma-djalma teh koe Moesa dipangnědakeun. Nimbalan Pangeran ka Moesa: „Maneh geura njijeun hidji oörajan, toeloej pandjer dina tihang; geus kitoe saha-saha noe digegel, ana ret nendjo ka dinja, tangtoe hiroep.” Prak Moesa ngadaměl hidji oörajan tambaga, dipandjor dina tihang; geus kitoe, satijap-tijap aja djalma noe digegel oraj, ana ret měntjrong ka oörajan tambaga teja, seug hiroep.

DIka-loehoerkeunana oõrajan toja, baris djadi kalaugkang poepoesta Goesti Jesoes Kristoes dina kai-dipalang. Ngalahir Goesti: {{sp|Saperti Moesa ngaloehoorkoan oōrajan di tégal lego teja, uja tjara kitoe Poetra manoesa teh koedoe dika-loehoerkeun (Joh. 3: 14.)

5. Ari Israil geus datang ka tji Arnon, toeloej ngoetoesan ka Sihon, radja oerang Emor, mopojan kijeu: „Moegi kaoela diidinan njorang tanah andjeun; moal njimpang ka laban atawa ka kebon anggoer, moal nginoem tjai tina soemoer.” Demi Sihon teh ngoempoelkeun sabalana kabeh, heug boedal, mapag ka Israil ka těgal lega. Toeloej kasamboet koe Israil koe senseukeut pădang, sarta tanahna dibeunangkeun, ti sěmět tji Arnon tepi ka tji Jabok, bras ka oerang Amon. Sanggeus kitoe Og, radja Basan, sarawoeh balana, koe oerang Israil disarabět, sarta tanahna dibeunangkeun.

Děmi tji Arnon mah ngamoeharaan kana laost Pash, djeung tji Jabok kaua tji Jordan. Dina djaman nabi Moesa tanah anoe kaděmpet koe eta doewa wahangan katjitjingan koe radja oeraug Emor, noe agaran Sibon. Kidosleun tji Arnon pada tjaritjing oerang Moab; kalereun tji Jabok, nja eta dina tanah Basan, moerba radja Og.

§ 47. Balhoem.

(4 Moesa 22-25.)

1. Broel oerang Israil ngabroel deui, toeloej masanggrahan di tanah lapang Moab, di peuntaseun tji Jordan, palebah nagara Jeriho. Ari Balak, radja Moab, geus waspadaeun ka saniskara, noe koe Israil dilampahkeun ka oerang Emor teja, seng