Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/131

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
125

Moab sijeuneun kabina-bina koe eta bangsa. Tidinja Balak ngoetoesan ka Balhoem, noe tjalik di Mesopotami; saoer Balak: „Mere njaho, aja hidji bangsa ka loewar ti Měsir; doemadakan, ngalipoetan saloewar tanah, sarta eta teh keur ngěnggon ti paběněran kaoela. Ari ajeuna, mangga geura tjalik, kaoela pangnjapakeun eta bangsa, karana eta teh bědas ti batan kaoela ; karana kaoela geus tėrang, saha-saha noe diběrkahan koe sampejan, tangtoe meunang běrkah, djeung saha-saha noe disapa koe sampejan, tangtoe keuna panjapa." Bral kokolot Moab djeung kokolot Midian pada mijang. Ana geus daratang ka Balhoem, seg moepoelihkeun ka dinja kasaoeran Balak teja. Ladjěng Allah ngalahir ka Balhoem: „Maneh oelah miloe djeung eta djalma; papatjoewan maneh oelah njapa ka eta bangsa, karana geus diběrkahan.” Toeloej Balhoem misaoer ka kapala-kapala Balak: „Geura maroelih bae ka tanah sampejan; karana Pangeran teu kěrsaeun ngidinan kaoela miloe sarěng sampejan.” Děmi Balak ngoetoesan deui kapala, loba sarta moelja ti batan noe tadi. Ngawangsoel Balhoem ka darinja: „Sanadjan Balak ka kaoela maparin ěmas-perak pinoeh sagědongna oge, kaoela teh moal kadoega ngarěmpak timbalan Pangeran.” Ladjěng Allah njoempingan ka Balhoem ti peuting, sarta ngalahir ka dinja: „Heg maneh indit bae djeung eta; kitoe ge pangandika, noe koe kami bakal diandikakeun ka maneh, nja eta noe koe maneh koedoe dilampahkeun.”

2. Neut Balhoem wantji isoek hoedang, seg ngadangdanan kalde bikang toetoempakanana, bari toeloej leumpang djeung eta kapala-kapala Moab. Děmi Allah djadi běndoe, doemeh Balhoem leumpang, soeka kana boeroehan kadorakaän (2 Petroes 2:15). Sarta Malaikat Pangeran ngadeg di djalan, měgatan. Beh kalde teh nendjo eta Malaikat Pangeran, keur ngaděg di djalan, sarta pananganana njěkěl pědangna beunang matěk; toeloej kalde teh njimpang ti djalan asoep ka kěbon; pek kalde koe Balhoem dipeupeuhan, diběněrkeun deui ka djalan. Tidinja Malaikat Pangeran ngaděg dina ěnggon singgět, taja djalan njimpang ka