Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/132

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
126

katoehoe atawa ka kentja. Broek kalde děpa handapeun Balhoem, noe matak Balhoem teh djadi amběk; pek kalde teh diteunggeulan koe iteuk. Geus kitoe Pangeran moekakeun soengoet eta kalde; pok ngomong ka Balhoem: „Naon dosa koering ka djoeragan, noe matak djoeragan meupeuhan ka koering geus tiloe kali ijeu?” Ari djawab Balhoem ka kalde: ,Handjakal leungeun aing teu njěkěl pedang; geus tangtoe ajeuna sija dipeuntjit koe aing.” Seug koe Pangeran panon Balhoem disina těgěs, beh nendjo eta Malaikat Pangeran. Ngalahir Malaikat ka Balhoem teh: Masing njaho, kami pangka-loewar teh sědja mégatan, sabab ijen djalan matak tidjongklok ka hareupeun kami.” Oendjoekan Balboem: Simkoering tarima dosa; doepi ajeuna, manawi awon di pajoeneun andjeun, simkoering sědja moendoer.” Děmi lahiran Malaikat Pangeran: Djig bae djeung eta djalma-djalma; tatapi ngan woengkoel pilahir anoe koe kami bakal dilahirkeun ka maneh, nja eta noe koe maneh koedoe ditjatoerkeun.” Bral Balhoem toeloej deui leumpangna djeung kapala-kapala Balak.

3. Geus kitoe Balhoem něpi ka Balak. Děmi isoekna Balhoem koe Balak disampeur, ditjandak oenggah ka pasir Baäl, Ladjeng Pangeran neundeun pangandika dina biwir Balhoem. Seug Balhoem ngedalkeun silokana, kijeu pokna: „Na koemaha kaoela pinjapaeun, anoe hanteu disapa koe Allah? sarta koemaha kaoela ngalanat, anoe hanteu dilanat koe Pangeran? Masing njaho, eta bangsa pingénggoneun njorangan bae, moal pikaitoengeun ka bangsa kapir. Paeh kaoela masing saperti paeh noe balenér, sarta panoengtoengan kaoela masing tjara panoengtoengan eta!” Pok Balak misaoer ka Balhoem: „Naha sampejan wět milampah kitoe ka kaoela? Sampejan pangdiala teh koe kaoela soepaja njapa ka moesoeh kaoela; sihoreng koe sampejan diberkahan badis." Ngawangsoel Balhoem: „Naha karah kaoela lain koedoe ngestikeun njatoerkeun anoe koe Pangeran diteundeun dina biwir kaoela?" Saoer Balak ka Balhoem: Tjing atoeh, sampejan miloe djeung kaoela ka enggon sedjen; seg kaoela pangnjapakeun ti dinja!" Heug dibawa ka těgal Sopim,