Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/133

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
127

nja ka poentjak Pisga. Geus kitoe Pangeran neundeun pangandika dina biwirna; seug Balhoem ngedalkeun deui silokana, kijeu pokna: nja ka poentjak Pisga. Geus kitoe Pangeran neundeun pangandika dina biwirna; seug Balhoem ngedalkeun deui silokana, kijeu pokna: „Allah teh lain djalma, moal bohong; lain anak manoesa, moal keuna kadoehveng. Karah andjeunna ngalahir, sarta moal didamel? atawa ngandika, sarta moal dijaktoskeun? Saleresna, kaoela nampa ngan berkahaneun; andjeunna noe ngaberkahan, sarta koe kaoela moal beunang ditoelak. Saestoena taja těnoeng, anoe teurak ka Jakoeb; taja pisan noedjoem, anoe měntal ka Israil. Dimana mangsana dilahirkeun ka Jakoeb, disaoerkeun ka Israil anoe didaměl koe Allah.” Pok Balak misaoer ka Balhoem: „Boh njapa, montong koe aampejan disapa; boh ngaběrkahan, montong koe sampejan diberkahan.” Ngawangsoel Balhoem: ,Mapan kaoela geus mihatoer ka andjeun kijeu: Sadajana noe koe Pangeran bakal diandikakeun, nja eta noe koe kaoela koedoe dilampahkeun.” Geus kitoe Balak misaoer ka Bathoem: „Tjing atoeh, koe kaoela rek dibawa ka enggon sedjen, malah-mandar pitěněreun di pajoeneun Allah, koe sampejan dipangojapakeun ti dinja." Seg Balhoem koe Balak dibawa ka poentjak goenoeng Peor. Barang Balhoem tjéngkat panonna, beh nendjo Israil, keur ngenggon sakaom-sakaomna; geus kitoe Balhoem dilinggihan Roh Soetji, seg kijeu saoerna: „Koe araloes himah manch, Jakoeb! pangtji-tjingan maneh, Israil! Noe ngaběrkahan ka maneh, sing diběrkahan; sarta noe njapa ka maneh, masing disapa.” Seug Balak amběkeun ka Balhoem; ari djawab Balhoem: „Soemangga, kaoela rek ngatoeranan pepeling ka andjeun, pěrkara noe koe eta bangsa bakal dilampahkeun ka rahajat andjeun dina djaman mengke: Méngke hidji bentang ngalanto ti Jakoeb, sarta hidji tětěkěn pingadēgeun ti Israil; nja eta tangtoe ngarémoekkeun beulah-beulah Moab, sarta ngaroeksakkeun sakabeh anak karoesoehan; djadi Israil migawe kawasa. Ari ti Jakoeb saoerang noe pimoerbaeun.” Geus kitoe Balhoem dangdan, bral leumpang, moelang ka šnggonna. Balak pon kitoe keneh noeloejkeun djalanna.

4. Ari Balhoem djengkeleun, da teu bisa njapa ka oerang