Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/13

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
7

njoesoep kana tatangkalan taman. Ladjéng Adam disaoer koe Pangeran Allah, kijen timbalanana ka dinja: „Naha maneh aja di mana?” Ari pioendjoekna: „Koering ngoeping géntra gamparan di djéro taman, seug koering teh sijeun, sabab koering satarandjang; kitoe noe mawi koering njoempoet.” Ari timbalanana: „Saha noe mere njaho ka maneh, jeu maneh teh satarandjang? Naha maneh teh ngahakan boewah tangkal, anoe koe kami ditimbalkeun ka maneh, jen papatjoewan dihakan teja?” Wangsoelan Adam: Noen, eta awewe paparin gamparan ka koering, nja eta noe merean ka koering boewah tangkal teja, seg koe koering ditéda,” Ladjéng Pangeran Allah nimbalan ka awewe: „Naha maneh migawe kitoe?” Ari wangsoelan awewe: „Soemoehoen, eta oraj ngabobodo ka koering, seg koe koering ditéda.” Geus kitoe Pangeran Allah nimbalan ka orej teja: Sabab maneh migawe kitoe pétana, noe matak maneh dikeunaän panjapa, dibedakeun ti sakabeh sato tjoöeun, sarta ti sakabeh sasatoan tégal. Maneh pileumpangeun koe beuteung, sarta pihakaneun maneh taneuh saoemoer hiroep maneh. Djeung deui kami rek ngadamél soepaja maneh djeung awewe djadi moesoeh, kitoe keneh toeroenan maneh djeung toeroenan awewe; nja eta méngke ngarémoekkeun hoeloe maneh, sarta maneh mingke ngaroeksakkeun keuneung eta.

Koe djalan ngalampahkeun dosa, manoesa teh baba ka Allah, anoet ka Iblis. Koe bawaning kitoe manoesa teh tanwande tjilaka saěnděng-enděng. Tatapi koe Allah didaměl, soepaja Iblis djeung awewe djadi moesoeh. Koe didamělna eta koe Allah dipétakeun, manoesa teh beunang dileupaskeun deui. Ari kaleupasan teh koe Allah didjangdji keur mangsa Allah ugalahir: „Ari toeroenan awewe méngke bakal ngarěmoekkeun hoeloe oraj.” Eta pěrdjangdjian Allab geus kalaksanakeun. Anoe djoeměněng toeroenan awewe anoe saestoe, nja eta Kristoes, Poetra Allah, noe geus dlébrehkeuna pikeun ngaroeksak pagawean Iblis (1 Joh. 3:8).

3. Ka awewe timbalanana kijeu: „Kami ka maneh rek maparin kasoesah loba pisan, geus poegoeh keur maneh reuneuh; bakal ngadjoeroekeun anak-anak djeung kanjérina; sarta maneh bakal mikarép ka salaki maneh, ari eta bakal kawasa ka diri maneh.”