Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/12

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
6

bari didahar sakali; malah ngabagi ka tjarogena, toeloej koe Adam didahar.

Sapandjangna eta awewe molahkeun pédanging Roh, tégésna pangandika Allah (Epes. 6: 17), Poerah nyagoda nja apés; balikanan kakarek eta awewe poho kana pangandika Allah sarta nendjo kana tangkal, beh Iblis teh oenggoel. Kitoe tina ngawasna kana boewah teja dihoecdangkeun napsoe anoe tiloe roepa: napsoe daging, sarta napsoe panon, djeung angkoehing hiroep (1 Joh. 2: 16), Sarta ari: „Napsoe teh sanggeusna reunenh toeloej ngadjoeroekeun dosa; kitoe deui dosa, arigeus meudjeuhna gédena toeloej ngadjoeroekeun maot” (Jak, 1: 5).

2. Braj panon doewanana bareunta, sarta pada nganjahokeun jen dirina satarandjang. Tidinja pada ngantet-ngantetkeun daoen kondang, dipake apok. Toeloej Adam djeung geureuhana njoempoetkenn maneh, bawaning sijeun koe Pangeran Allah,