Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/11

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
5


awewe, bari ladjěng dianteurkeun ka Adam. Pok Adam misaoer: Nja ijeu ajeuna toelang ti toelang kaoela, daging ti daging kaoela! ieu teh koedoe diseboet istri, sabab ijeu ditjandakna ti paměgět. Koe sabab eta djalma bakal ninggalkeun indoeng bapana, toeloej ngarakétan ka pamadjikanana; ari eta doewanana bakal djadi sadaging (¹). Ari Adam djeung pamadjikanana teja doewanana pada satarandjang sarta hanteu araraeun.

(¹) Ari hal nikah teh eta ditangtoskeun koe Allah koe andjeun; ari koe lantaran eta asalna sagala bangsa manoesa noe ngeusian djagat teh sagětih (Lalamp 17:26). Koe doemeh sagala bangsa manoesa sagětih asalna, noe matak manoesa sadaja djadi doeloer pada doeloer, anoe hidji Allahna, anoe moedoe hidji agamana, anoe moedoe hidji pingadjoegdjoegeunana.


§ 3. Manoesa laboeh kana dosa.

(1 Moesa 3.)

1. Ari oraj teh akalna ngoengkoelan ka sakabeh sasatoan těgal. Pok ngomong ka awewe teh: „Na ěnja Allah ngadawoehkeun, maraneh oelah ngahakan boewah oenggal-oenggal tangkal, anoe dina ieu taman?” Ngadjawab awewe ka oraj teh: „Boewah-boewah tatangkalan ijeu taman meunang pisan diharakan koe kaoela, ngan pěrkara boewah tangkal, anoe dina těngah-těngah taman, Allah nimbalan kijeu: Eta koe maraneh poma oelah dek dihakan, sarta oelah dek ditjabak, soepaja maraneh oelah paeh.” Ngomong deui oraj teh ka awewe: „Moal énja maraneh paeh; saệnjana Allah leuwih oeninga, samangsa maraneh ngahakan eta, tangtoe panon maraneh beunta, sarta maraneh pidjadieun sapěrti Allah, nganjahokeun ka noe hade reudjeung ka noe goreng. Tidinja awewe teh nendjo, jen eta tangkal hade keur baris hakaneun, sarta matak panon kabongroj, toer matak résép, estoe tangkal noe bisa mintěrkeun; top njokot boewahna,